HIJI
POE DI
SABUDEUREUN PASANT
ÉN
Kenging
: Undang Sumargana,
Angin
nyilisib tina érang-érang, hawar hawar ti masjid sora nu tahrim ngagalindeng ngaleu
panjang sakapeung jempé ka timpa ku sora nu ngaji di masjid
sején.
“Ya
arhamar rohimin irhamna! Ya arhamar
rohimin irhamna!” ...
Lalaunan
Rangga cengkat bari babatek,” Subhanalloh geuning geus waktu janari moal lila
waktu subuh” Tuluy muru pancuran tukangeun imahna, nu dikocorkeun tina cinyusu
ti lamping gunung leutik nu pinuh ku tutuwuhan kira-kira jarak 100 M ti imah kulawarga Rangga. Segerna cai pancuran, nyelesep karasa mawa
seger meraykeun rereged nu nyangkaruk dina awakna.
Berés mandi asup deui ka imahna,
rap disarung jeung di baju koko paranti solat, tuluy ngarawél kopéah, saged muru masjid nu ukur
paeunteng-eunteung, ti imahna kahalang ku jalan kampung. Di masjid geus nyampak
sababaraha urang santri katut ramana Mama Ajengan Husni. Prak angga solat
syukrul wudu 2 rokaat di selang ku dua, terus solat tahajud 4 rokaat 4 rokaat
disambung ku witir 3 rokaat dekul wé wiridan.
Rangga
nyuuh dina pangsujudan maca doa paneda
keur sakumna muslimin muslimat boh nu masih hirup atanapi nu tos maot.
Salian ti éta ngadoa khusus pikeun ramana Mama Ajengan Rohman, ogé keur dirina supaya
ditetegkeun sareng dipancegkeun
kayakinan sarta dilancarkeun urusanana, enggké jam 09.00 bakal datang para inohong ti kacamatan nu
dibarengan ti kapulisian katut para inohong ti Desa nu mawa pangusaha jugala ti kota ngabadamikeun masalah leuweung leutik
nu jadi sumber cai rék dibeuli ku pangusaha jugala pikeun “Air Minral”,
memang geus sababaraha kali Pak Kepala Desa datang ngalalanyah tapi Ajengan
Rohman tetep meré putusan moal rék nukeurkeun éta leuweung, kana janji-janji amis,
pang nyieunkeun jalan, pangeangunkeun pasantren, sabab manehna oge jeung
masyarakat sabudeureunana masih mampu, bari teu kudu ngorbankeun leuweung
leutik sumber cai keur kahirupan rahayat sabudeureunana.
Jam
09.00 isuk-isuk para inohong geus datang kalayan di tempatkeun di ruangan Bale santri anu lumayan lega, sanajan kur diuk
ngampar samak jeung karpét taya korsi taya méja. Dimimitian ku pangatur
acara budak santri nu geus biasa cumarita, Nya nepi kanu poko wawakil ti
pangusaha ngadadarkeun maksudna, kalayan pinuh ku pangoloan jeung pangbibita
sangkan éta tanah nu jadi sumber cai dibikeun dijual kana harga anu
kacida pikauruyeunanana. Dijejeran ku Pak camat, milu ngadukung ka pangusaha
kalayan jiga nu rada maksa sangkan tanah bisa di jual.
Pikeun
jawabanana di serenkeun ka Rangga putrana mama ajengan Rohman, Rangga maju kahareup
sanggeus ménta widi ti ramana.
“Nepangkeun sim kuring Rangga, nyuluran pun
bapa, oge salaku sulur ti masarakat sabudeureun ieu kampung, Sim kuring ti
kawit gubrag lahir hirup di ieu kampung,
kalayan sabada nyukcurk elmu kalayan
tamat dipaguron luhur kenging gelar insinyur, niat balik deui ka ieu kampung. Sartsa sim
kuring apal pisan masalah gunana leuweung/tutuwuhan, sumber cai pikeun
ningkatkeun karaharjaan rahayat, nu sababarha taun katukang ieu tanah
dipakampungan bulistir taya pepelakan, kalayan alpukah pun bapa dijejeran sareng
tua kampung katut jasa masyarakat sabudeureunana bisa jadi kampung nu hejo
lembok curcor cai subur dipelakananana, lamun temah eta tanah di ical raraosan
asa moal dipasihkeun sanaos kana dipangaoskeun kana triliunan oge. Margi ieu
sumber cai bakal jadi milik pangusaha Rakyat moal kabagéan. Naha
Bapa Camat Bapak Kepala Desa sinareng sadérék sadaya rek téga ngorbankeun
kahirupan masyarakat, ku jalan nukeurkeun ieu leuweung kana duit oge
janji-janji amis anu sanesna? Rangga teteg pisan nyaritana kalayan make alesan ku kajian
ilmiah, nu bisa mere jawaban tandes tur alesan nu kaharti pangna éta taneuh teu dibikeun, Malah
pak camat oge Pak Kades sinareng inohong nu sejenna asa kapeupeuh puhu ceuli, éra
parada hanyakal jadi dékéng pangusaha, teu nyana di éta kampung aya jajaka Kasep nu pinter
ahli kahutanan ahli pertanian , nu capetang kalayan teteg dina kayakinan.
Kaayaan
rada panas, ogé adu “Argumen” Tapi kalayan tatag sarta tandes sakabeh
omongan ti pihak camat katut rombongan
bisa kajawab kalayan maké alesan”ilmiah” anu merenah ku Rangga, ogé mama ajengan Rohman, katut
masyarakat anu lianna. Malah masyarakat
anu nyaksian aya nu surak sagala awahing
ku suka. Dipolototan ku pulisi anu nyaroren pestol, tapi warga kalah
nembongkeun sihung bari nemongkeun bedog anu di sorénna, Da puguh marawa bedog
rek tuluy ka kebon.
Riungan
bubar kira-kira jam 11.30 rombongan pak
camat katut para inohong oge pangusaha jugala marulang, kalayan jiga nu
teunangan, masyarakat masih ngariung kalayan pinuh ka bungah bisa mertahankeun éta leuweung sumber kahirupan
manéhna.
“Boa
euy pak Camat Pak kades oge inohong lianna geus meunang pangleuleueur, pedah balikna jiga
nu kapupul sabab teu hasil anu dimaksud”
“His
tong sok suudon, bubar we ayeunamah
sakeudeung deui solat lohor, ke we rek kakarebonmah tos lohor” Mama Ajengan
Rohman ngahulag, kalayan teu lila riungan bubar. Bantarkalong, Januari 2022

hiji carita nupinuh ku sarat manfa'at pikeun gambaran kahirupn nukudu bisangabedakn mn kpntingn golongn mn kpntingn umum mn kpntingn pribadi,kujmn kiwari susah numibanda wawasan seperti cep rangga nu paduli k rahayat k lingkungn jng k alamnna,jadikn carita nu lain tinggal waasna,,,
BalasHapus