LAMUNAN SANG DIREKTUR SD MANA BOA
Kenging : Undang Sumargana
Pareng
nangtung di jero kelas
Rarambu lalangit tina bilik roroesan jiga
ngajak diomean
Rajeg tihang awi jadi panyundang sangkan kelas teu ngagebro
Pagaliwota meja butut rareyod sawareh taya sukuan
Barudak anteng narulis sabeulah meungpeukan irung
Kekebul nu halaliber tina tembok nu geus rapuh
Dedeuh potret anak negri bajuang nyiar
pangarti
Diluar halaman sakola
Banera ngelebet katebak angin
Beureum bodas nu nandakeun yen urang gede
ka wani
Wani ancur tutumpuran ngabela ieu negara
Satu nusa satu Bangsa, masih loba rakyatmah anu sangsara
Kadenge di kelas hiji ibu, guru nungtun barudak maca
“Ini Budi, Ini Ibu budi, ini kakak budi”
Masih banyak pejabat tak berbudi
Jiga nu enya ngadeklarasikeun anti korupsi .
Dedeuh potret kahirupan di pasisian
Ceuk tangtungan hiji lalaki
Direktur
Sekolah Dasar di negeri mana boa
Iraha sakola kuring rek direhab
Hayang leuwih alus saluhureun kanang doma
Pareng istirahat ting burusut lalumpatan
Jajan muru pecel nini-nini
Sanajan ngan pucuk hui
Tapi ngeunahna leuwih ti roti
Barudak karucel, tapi sumangetna waredel
Ngagerendeng na manah sang direktur
“Dedeuh anaking, mun pareng hidep jadi
pamingpin
Omean ieu sakola nu saperti kieu di sabudeureun nagri
Keun bae ladang pajak rakyat oge,
Ti batan dihakan Monyet nu nyamuni di
kebon awi
Satu nusa satu bangsa satu bahasa kita
Nusa bangsa dan bahasa, kita tetap sengsara.
Negeri manaboa, Januari 2022
DEMO RAKYAT
Kenging : Undang Sumargana
Ngageleger sora gugur meupeuskeun reueuk
Tingbarasat cahya kilat ngalentab mega
Ngahuru amarah silalatuan
Ngempur hurung na tungtung emun-emunan
Rahayat kahuru dimangfaatkeun ku kabingung
Ting porongos ting jorowok
Nusurak eak-eakan, nu demo gogorowokan
Turuhkeun harga! Turunkeun harga!
ceuk sora lalaki nu igana ragas, matana celong.
Turunkeun BBM, turunkeun BBM
Eh, BBM geus turun, tapi hahargaan malah ngajaul
Nu ngagorowok
latam-letem kaeraan
“Saudara-saudaraku” Ceuk pimpinan demo
Anu tadi turun tina mobil mewah
Bajuna perlente, erloji bermerk,
Sapatu buatan luar negeri
“Kita terus berdemo-kita gempur istana”
Amarah rakyat kasundut
Nu demo beuki ngangseg
Budal omongan teu
kawadahan
“Hidup pimpinan kita! Hidup pimpinan kita”
Ceuk rakyat nyumangetan pimpinan demo
Rakyat ngangseg maju, pulisi bedah amarah
Bukbek peureup jeung peureup,
Panakol jeung panakol
Pimpinan demo ngolesed lalaunan
Akhirna ngabiur pangheulana
Ngadius na mobil mewah muru hotel
Arek otel jeung bikang
paneretan
Rakyat jadi korban ti jalma
Nu pundung teu kapeto jadi pimpinan
Sarta teu ngasaan diuk na amisna korsi Dewan
Tasik Pakidulan, Kamis 31 Maret 2016
PASRAH
Kenging : Undang Sumargana
Nyanggakeun kagunarmgan raga kaula
sadayana
Ti luhur sausap rambut
Ti handap sausap dampal
Ti gigir sa giling gisik
Ti hareup ti tukang gusti anu
kagungan
Ngan wungkul raga Illahi
Darma upaya sahiji
Sahadat anu sahiji
Bismilah raga jasmani
Ni Rohman wungkul Illahi
Ni Rohim anu ngahiji
Jumeneng satungtung gusti
Seja raga anu ngabdi
Ka
raga rohanu nu ngeusi
Raga jasmani anu wujud
Gantina wali
Eusina bukti kedah suci
Tasik Pakidulan,, 25 juli 2016
NGUNTABNA SEUNEU AMARAH
Kengung : Undang Sumargana
Panas moreret.......
Ngahuru hate nu silalatuan
Nguntab-nguntab seuneu amarah teu
kawadahan
Ruhak burahay beureum
Kahuru nafsu nu leupas tina kadali
Hanyakal akal katutup sarah kalakay
Akhirna angkara murka nu karandapan
Na Petengna Peuting
Kenging: Undang Sumargana
Kuring kungsi ngangseu nyeuaeup petengna peuting
Basa angin janari ngabetrik rapuhna dahan kahirupan
Horeng raga ukur titipan nu usik marengan rasa
Katalimbeng ku urusan dunya nu pupulasan
Kuring ngarasa lungse nyimbutan sesebitan hate
Basa langit ngepris muragkeun ci tangis
Aya ucap ngagalindeng
nu geus lila katalimbeng
Nyangsaya na dosa nu numpuk teu katobatan
Ieu takbir ngan ukur
nepi ka tungtung baseuhna biwir
Sabab hate masih rehe teu niruk katungtung kalbu
Ukur ngarajah ngalangkang di awang awang
Kumelit na ipisna ruruhit tungtung
langit.
Tasik Pakidulan,, 25 Julii 2016
Mkin hebat bpku yg st ni sangat menginspirasi
BalasHapusSae Kang
BalasHapus