NYAKSRAK TAPAK LEUWEUNG SANCANG

 

NYAKSRAK TAPAK LEUWEUNG SANCANG

(Undang Sumargana)

NYAKSRAK TAPAK LEUWEUNG SANCANG 


(Haturan kanggo anggota para pembina Pramuka nu ngiring nyaba kaleuweung sancang sabada kagiatan Karang Pamitran, 29 Januari 2017)

 

Dipapaag hiliwir angin
Nyaksrak leuweung geledegan
Dina genyasna cai solokan
Hegar tatangkalan
Aya kakangen nu nyamuni
Nyereset na geretna sora tongeret

 

Tina sela sala rungkun daangdaunan
Girimis ngeclak maseuhan jagat
Katangen aya komara anu tohaga
Siliwangi ciri saksi na carita
Yen Ki sunda pernah digjaya

 

Dina puncer dahan nu munjul kalangit
Tinggulayun wanara maen akrobat
“Kula ponggawa jaga sabana”
Siap jaga tina tingkah manusa sarakah

 

Tina sela batu nun nangtawing
Cai nyurug seahna meupeus kasimpe
Najan pajajaran kur tinggal ngaran
Tapi jiwa Sukma siliwangi
Nyamuni na getering ati Ki Sunda.
Maung sancang ngintip jurit
Kujang sakti meulah langit
Ki Sunda moal rek musnah
Bocah angon mandalagiri
Satria piningit 
Nu bakal ngaheuyeuk nagri
Kitu ceuk uga nu kacarita
Ciung wanara sipat pamingpin
Nu nungtun hirup raharja

 BACA JUGA:

Halon ngalagena dangding angin ngahiliwir
Sato leuweung ngalagu nyamuni kalbu
Tapak lacak kian Santang
Jadi damar pangharepan
Yen islam kudu jadi cecekelan

 DI SINI



Tasik Pakidulan, 2 Pebruari 2017

Posting Komentar untuk " NYAKSRAK TAPAK LEUWEUNG SANCANG "