Carita
nyambung bagean ka- 2
poẻ
beuki beuki peuting, malah moal lila maju ka janari leutik, kadẻngẻ babaung
sora ajag ti kajauhan, malum kaayaan saung di tengah huma dilingkung ku
leuweung geledegan leuweung nu tara kasaba ku manusa, tapi keur Ki Ajar Pangestu
anu biasa hirup ditengah leuweung teu ieuh jadi keueung manehna geus biasa
hirup pagaliwota jeung sato galak, atawa luluncatan tina batu kana batu, malah luluncatan kawas nu
hiber tina tangkal kana tangkal. Kitu deui Santana nu kiwari aya di saung Ki
Ajar, manehna lain Pamuda samanẻa datang
ka dinya lain kabawa kusakaba-kaba tapi nohonan parẻntah guruna Ki Aji Pangestu
jawara sakti ti daerah Mira Mareu Garut. Sabab sanggeus pangarti bẻak
dikeprukeun ka muridna, Ki Aji Pangestu miharep Santana bisa namahan pangaweruh
kanu jadi Bapakna nu matuh di Gunung Payung,
Kiwari kaasup Desa Cikukulu Kacamatan Karangnunggal.Kiwari memang geus
ramẻ, tapi bayangkeun dina taun 1810 an kaayaan tempat harita.
Kuniang
Ki Ajar Pangestu hudang lalaunan, panonna neuteup ka Santana anu kabeneran
masih ngagolẻr.
“Emmh…ieu
si Jalu calon murid kula, bagja temen, keur kasẻp tẻh katempo warugana sarta
bentuk tulangna tareuas jeung ngarareusi.” Gerentes hatẻna, Ki Ajar Pangestu
muru lawang Saung, kalayan teu asa-asa jleng luncat jiga nu hiber clẻ nincak
batu nu aya gigireun pancuran. Ari ku jalma biasamah asa mustahil ngalayang ka
handap bari jeung ti saung jarakna aya kira-kira 10 meter, sedengkeun
jangkungna saung kira-kira 5 meter, aya
tangga sotẻh jarang di pakẻ itung-itung keur nyumputkeun jati diri nu
sabenerna.
Santana
anu titatadi mẻlẻtẻt peupeureuman, ngawaskeun kana pari polah Ki Ajar
Pangestu Aki Guruna sakaligus calon
guruna.
“Emh…hẻbat
nurutan ah” Jleng kalayang manehna gẻ luncat nincak ditempat panincakan Ki Ajar
tadi, sanajan datangna rada ngajarigjeg tapi teu nepikeun ka labuh.
“Hẻhẻhẻ…
jalu, naha ngagalẻong sing teteg ulah ngagalẻong” Ki Ajar ngageuhgeuykeun bari
jeung teu ngarẻt rẻrẻt acan, nganelkeun kaseukeutan rasa jeung pangrunguna.
Bẻrẻs
Ki Ajar Pangẻstu mandi, santana oge terus mandi din cai pancuran anu meunang
nyolẻng ti mata cai di tempat rada luhur deukeut tangkal picung. Karasa awakna
seger ngarasakeun baseuhna cai maseuhan bandanna. Jiga nu merẻ kakuatan anyar
kakuatan alam nu ngahiji dina sakuliah badan jeung pangrasana. Gusat gesut ngarawẻl
anuk jeung kolor nu nyampay na tangkal kuciat. Melong ka luhur saung jleng
kalayang luncat clẻ nincek lawang saung.
“Tah
kitu jalu ngan masih can lemes kadẻngẻ kẻnẻh ngagebligna” Ceuk Ki Ajar Pangẻstu
nu geus makẻ sarung ngadagoan Santana. Santana ngan ukur mesem ngarumasakeun
can bisa nurutan Ki Ajar Pangestu.
Prak
duanana Solat tahajud, masing masing,
menekung kanu maha agung, doa nu datang tina kaikhlasan hatẻ, nembus langit parat ka gagana wiati.
Masing-masing kelebuh dina doa nu dikedalkeun, karumasaan masih can bisa
nyingkahan dosa, lampah masih loba salah.
Waktu
geus manjing ka subuh, Ki Ajar komat dina geter sora pinuh ku galindeng rasa
jeung rumasa salaku mahluk nu taya tangan pangawasa.
“Sok
Jalu jadi imam, bari tuluykeun wiridan, aki ngamamum”
“Ikh
teu wantun Ki, nga Aki ti payun!”
“Ikh
akimah geus rada rẻro, hidep nu sorana ngocrang kẻnẻh.
Santana
akhirna teu wasa nolak jadi imam sanajan ngarasa ajrih ogẻ ka Ki Ajar.
Beres
sholat subuh dituluykeun kana wiridan, Panon
poẻ mimiti meletẻk kakara duanana cengkat tina pangdiukan.
”Jalu
sok geura salin, kẻ tuturkeun aki kahandap ka
tempat masak”
Teu
talangkẻ santana salin kalayan nuturkeun Ki Ajar pangẻstu. Aya hal nu anẻh,
nengetan Ki Ajar masak, kastrol nu dieusi beas jeung cai sarta lauk nu
ditumpangkeun dituruban di jero kastrol diteuneun di luhur hawu tapi teu
diseuneuan. Ki ajar nempelkeun leungeunna kana kastrol, bari kunyam mapatkeun
hiji lapad, kastrol katempo mimiti panas, lila-lila caina ngagolak sarta
kira-kira sapuluh menit geus kangseu seungitnyelengseng tandana geus asak,
jigana ku akibat hawa panas anu kaluar tina dampal leungeun Ki Ajar Pangẻstu.
Santana
teu nyarita ngan ukur anteng mancokeun paneuteup kana naon nu dipilampah ku Ki
Ajar Pangẻstu. Dina hatẻna tumahya naha ajian naon nu di kaluarkeun ku Ki Ajar Pangẻstu.
”Geus
teu kudu hẻran jalu anggur hayu rang ka saung urang sarapan heula”.
Jorẻlat-jorẻlat,
duanana ngan sakilat geus aya di jero saung. Terus ngajẻmprak ngahanca liwet
katut rencangna. Bẻrẻs sarapan Ki Ajar ngagupay Santana sangkan ngadeukeutan.
Jalu
tah nu tadi tẻh nu disebut elmu baraja geni, ẻta elmu nyoko kana kakuatan
saluran hawa panas kana dampal leungeun, sabenernamah dina jiwa manusa nu masih
hirup ngancik hawa panas, ngan kari bisa ngolah, nya ẻta ku cara ngolah raga
jeung ngolah rasa. kẻ kahareup ku Aki diajarkeun ti dasarna. Ayeunamah urang
kukurilingan waẻ supaya hidep nyaho
kaayaan ieu wewengkon, tapi kẻ tos solat duha.
Bẻrẻs
sholat duha tarurun muru ka huma, nu parẻna keur beuneur hejo, nunggu
sakeudeung deui panẻn.
Tah
Jalu ieu Tẻh huma nu ngahaja dipelak sangkan teu kudu turun gunung dimana perlu
bẻas. Nutuna tuh jubleb tina galeuh nangka ngarendẻng jeung haluna. kabẻh sato
moal aya nu wani ganggu iwal ti sato nu datang anyar nu can apaleun ka aki. Geura
sato-sato nu araya disabudeureun tempat urang geroan.
Teu
lila Ki Ajar Pangẻstu ngeprokeun dua leungeuna diluhureun sirahna, anu matak
heran ti unggal rungkun kalaluar sasatoan jiga nu hayang padeukeut deukeut. Aya
oray, lutung bangsaning monyẻt malah sato sato nu galede oge kaasup maung,
badak, ari bangsaning manukmah nyarengclẻ dina tangkal-tangkal nu deukeut. Ah
pokona sabangsaning sato ti sato leutik nepi ka sato gedẻ, kabẻh
ngadareukeutan.
Teu
lila Ki Ajar Pangestu nyarita. “Hei para sato hewan sobat kaula, ieu di gigir
kula Si Jalu Si Kasep calon murid kula
ngarana Santana, hidep ulah ganggu ka incu kaula, pabẻja-bẻja kanu teu datang
ayeuna. Oge lamun di gero ku Si Jalu
hidep kudu datang jeung nurut kana parẻntahna.
”Sok
Kasẻp Jalu keprokeun leungeun hidep luhureun sirah nurutan Aki”.
Santana
nurut kana parẻntah Ki Ajar Pangẻstu, leungeunna
diangkat kaluhureun sirah bari dtepukkeun Tarik pisan “Prok,Prok, Prok” sakali
deui jalu “Prok,Prok, Prok” Tah kitu sobat sora pangilan kode ti murid kaula.
Kabeh
sato ngagerakeun sirahna tandaning ngarti, Santana teu bisa nyarita ngan ukur
ngemu kahẻran nu taya watesna.
“jig
ayeunamah sobat-sobat kaula geura nyingkah geura balangsiar”.
Kabẻh satu tingbelecet rurusuhan nyingkah ti ẻta tempat, komo nu deukeut
maungmah nyasatna tibabaranting. Tah jalu hidep geus diwanohkeun ka sakur
sasatoan nu aya di ieu leuweung, lamun hidep perlu tinggal ngeprokeun leungeun
cara tadi, ogẻ sato bakal nurut sarta bakal ngarti kana omongan hidep, tinggal
hidep kudu diajar sangakan ngarti kana
omongan sato. Hal ieu merlukeun latihan olah hate olah rasa anu daria.
(nyamung ka bagean 3)
sangat menyentuh hatiku saya terhibur dgn ceritanya.teruskan saya mendukung👍👍👍
BalasHapusmakasih masih diajar ngagunakaun waktu luang
BalasHapus