BALEBAT NU NGANTENG DINA DURIAT (ngungkaban Sajak Lawas)

 BALEBAT NU NGANTENG DINA DURIAT

(Bantarkalong 17 Juli 2022

Pangelng ngeling mangsa Milang Kala  Akad Tikah)

Haturan Kanggo Pun Bojo  TINA KURNIA AGUSTIN

 



Aya hariring nu sumanding dina jemplingna peuting

Datang nepungan dina manjingna tingtrim

Ku salsé.........

Ngentring asih dina ati  ngahariring ngawirahma dina rasa

rasa asih anu ngancik ngulayaban mapayan hambalan duriat

Antaré na hamalan kahirupan anu ku urang disorang

Lagu teh nyamuni kalbu,maut asih tina getering dasarna ati

Halon anteng ngalagena dina dangding dangdingna pikir

Karasa diri nyangsaya dina ayunan kadeudeuh nu taya kendatna

Unggal wanci mepende hate ,anteng dikeukeupan harepan

Heemh....junjunan rasa deudeuh  malibir ka biwir langit

mugia udagan urang tiasa tinekanan .........!

 

Aya hariring nu sumanding dina jemplingna peuting

Lalakon katukang mangsa dirapalan datang nepungan dina manjingna tingtrim

Ku salsé.........

Wilujeng tepung taun jungjunan mangsa urang munggaran rumah tangga


Lagu teh nyamuni kalbu,maut asih tina getering dasarna ati

Halon anteng ngalagena dina dangding dangdingna pikir

Duka rék tepi ka iraha diri nyangsaya dina ayunan ieu lamunan

Unggal wanci dipépéndé ku kasimpé,anteng dikeukeupan harepan

Heemh....kakangen niruk lamunan malibir ka biwir langit

mugia puguh  udageunana.........!

Aya hariring nu sumanding dina jemplingna peuting

Duka soantena saha nu datang nepungan dina manjingna tingtrim

Ku salsé.........

Ngentring asih dina hariring sawirahma dina gending

Gahar sora dina rasa ngulayaban mapayan hambalan duriat

Antaré.........


Junjunan……………….!

Kidung asih ngahariring maut rasa nyaliara

Rumasa diri rumasa can bisa mere kabagjaan

Duka rék tepi ka iraha diri nyangsaya dina ayunan ieu lamunan

Kahengkeran diri ……..! rumasa akang rumasa.

Rasa deudeuh, rasa kanyaah nu taya wates wangenna.

Kasatiaan nu sumanding mugia jadi bekel utama urang sili pikanyaah.

 

Tasik Pakidulan 2022


DALINGDING ASIH

Kenging:  Undang Sumargana

Dalingding asih 

Nu geus lawas taya datang tur nembongan

Ayeuna datang deui dina getering ati

Nyamuni na garbaning rasa

Hawar-hawar datang deui ngagalindeng

Na mangsa paamprok paadu teuteup

Dalingding asih

Anjog deui anjeun datang ngalalakon

Sabada tuntas ngalalana kelebuh di laut simpe

Dina gupay pangharepan kasiram banyu katresna

Kembang mangkak dina ati nyambuang mawa kaheman

Tasik Pakidulan , 2 September 2015


ASIH NU LEUNGIT

Kenging:  Undang Sumargana

 

Kungsi ku kuring disusul ka mega nu ku malendamg

Ka layung nu hurung nangtung

Ka sang surya di macapada

Tapi lawas taya beja nu sugema

 

Sugan ceuk angin peuting

Na penclut ombak lautan

Tapi lapur taya iber lan laratan

Duh ....Asih

Anjeun geus nyamuni dimana?

Disruksruk na rarambu petengna peuting

Disraksrak na handapeun bitis langit

Lapur  kalah kapeurih ngagerihan sa kujur sukma

Dikorehan na basisir pang harepan

Tapi taya tapak nu ngagurat

Boa boa geus di iwat ditiir hujan silantang

Atawa ngabiur ka alak paul

Boa –boa asih diiwat durjana

Nyamuni dileuweung ganggong

Mapag nyawa panungtungan

Lamun asih geus leungit tina jabaning ati

Kur kapeurih nu natrat na nafas, sadami-sadami

Atawa tungara nurihan rasa

Ka huru ku moreretna panas mata holang sarengenge

Kur sakeprul kalbu nu nyesa

Na kamurahan rahmatna Allah

Nu ngawasa kalbuning sadaya mahluk

 

Tasik Pakidulan, 12 Januari 2016

 

KEUR ANJEUN NU TEPANG DI JOMANTARA

(Kenging ; Undang Sumargana)


Urang mindeng patepang enung......!

Sanajan saukur  di jomantara

Kebat ngalanglang nepi katungtng balebat


Kembang kamelang mimiti ngarandakah

Bareng jeung tumuwuhna sirung kanyaah

Nu mangkak na galih asih kembang duriat

 

Hate mineng cumarita Enung....!

Ngacacang di media gantang.

Sabadi angin janari

niupkeun dalingding asih

nanceb na jatining ati biangna rasa

 

Urang kungsi pateuteup .....enung!

Sanajan ukur na gambar.

Tapi gelenyuna imut anjeun

Geus jadi pangirut

Nu terus tembus kana ketug jajantung

 

Urang kungsi ngedalkeun rasa...Enung!

Sanaos ukur soanten na Harewos  Panangan (HP)

Tapi ieu galih ati terus neundeun kaheman

Sabada ungkara cinta geus dikedalkeun

Bareng jeung palidna umpalan kaheman

Sugan jeung sugan bisa ngamuara

Na lautan asih

Di pencarmangsa cagar jiwa.

 

Tasik Pakidulan,  31 Agustus 2016           

 

KASIMPÉ MÉPÉNDÉ HATÉ

(Kenging ; Undang Sumargana)

Aya hariring nu sumanding dina jemplingna peuting

Duka soantena saha nu datang nepungan dina manjingna tingtrim

Ku salsé.........

Ngentring asih dina hariring sawirahma dina gending

Gahar sora dina rasa ngulayaban mapayan hambalan duriat

Antaré.........

Lagu teh nyamuni kalbu,maut asih tina getering dasarna ati

Halon anteng ngalagena dina dangding dangdingna pikir

Duka rék tepi ka iraha diri nyangsaya dina ayunan ieu lamunan

Unggal wanci dipépéndé ku kasimpé,anteng dikeukeupan harepan

Heemh....kakangen niruk lamunan malibir ka biwir langit

mugia puguh  udageunana.........!

 

Tasik Pakidulan,  31 Agustus 2016

Posting Komentar untuk "BALEBAT NU NGANTENG DINA DURIAT (ngungkaban Sajak Lawas)"