CARA YANG TEPAT UNTUK BELAJAR MEMBACA DAN MAMBUAT PUISI /SAJAK


BELAJAR MEMBACA DAN MEMBUAT PUISI/SAJAK

MEMBACA  DAN MAMBUAT PUISI /SAJAK
Kita  sering mendengar kata sajak dalam sastra Sunda kalau dalam
bahasa Indonesi di sebut Puisi . Tapi adakalanya kita bingungmerngartikan sajak seseorang. di sini sengaja membawa 
pembaca supaya ada gambaran apa sajak yang sebetulnya menurut para ahli, untuk lebih tepatnya saya paparkan dalam Bahasa Sunda

Sajak nyaeta karya sastra dina wangun puisi anu henteu kaiket ku aturan. Sajak mangrupa ebrehan tina jiwa, sikap jeung ekspresi anu ngarangna. Ditilik tina wangun eusina, aya dua rupa puisi Sunda, nyaeta puisi anu eusina mangrupa carita jeung puisi anu eusina henteu mangrupa carita.  
Sajak kaasup kana wangun puisi anu eusina henteu mangrupa carita. Conto wangun puisi lianna, salian ti sajak, anu eusina henteu mangrupa carita, nyaeta saperti guguritan, sisindiran, mantra jeung pupujian. Sedengkeun conto puisi Sunda anu eusina mangrupa carita nyaeta saperti wawcan jeung carita pantun
BACA LAINNYA:
       Dumasar kana pamangih di luhur, bisa disimpulkeun  Sajak nyaeta karya sastra dina wangun puisi anu mangrupa ebrehan tina jiwa, sikap jeung ekspresi anu ngarangna.
        Ditilik tina wangun rumpakana sajak manngrupa wangun puisi anu henteu kaiket ku aturan. Sedengkeun umpama ditilik tina wangun eusina sajak mangrupa wangun puisi anu eusina henteu mangrupa carita 
                                                   DI SINI

CARA MACA SAJAK
Sanggeus aya gambaran naon nu dimaksud   sajak ayeuna urang tuluykeun kana cara maca sajak nu bener.
         Maca sajak anu bener, nyaeta mawa ka nu ngadéngékeun pikeun bisa neuleuman éta sajak saluyu jeung naon nu dimaksud  ku nu ngarang éta sajak. Dina hal ieu geus tangtu,  nu rek maca sajak hareupan umum kudu bisa ngahartikeun eta sajak samemeh dibaca dina pintonan, kujalan maca bari ngalenyepan eta sajak, nepikeun ka kapanggih naon maksud pangarang dina eta sajak. Sok sanajan teu pas bener saluyu jeung kahayang pangarang, tapi minimal rada deukeut kana naon nu dimaksud pangarang. Seuh-seuhan namah nu nyaho kana harti sajak nu dibaca iwal pangarangna sorangan
        Lamun urang rek maca sajak utamana nu dijadikeun pintonan dihereupan umum,  aya hal -hal anu kudu diperhatikeun samemeh  urang mintonkeun maca sajak:
            Aya nu nyebutkeun sajak teh  galeuhna kecap, luyu jeung hal eta kecap-kecap dina sajak ngarupakeun kecap pilihan nu ngandung harti anu jero oge nganung harti anu lega, nepikeun lamun sajak ukur dibaca sakli rada hese ngoreh hartina, maca sajak beda jeung maca carita, carpon contona, beuki mineng sajak dibaca beuki naremongan kana naon nu dimaksud ku pangarang nu nyamunidina eta sajak
maca sajak kudu merhatikeun tehnikna, diantarana :
1. ngartikeun heula eusi sajakna tuluy di lenyepan atawa dihayati
2. artikulasi kudu bener
3. intonasi
4. jeda atawa randegan
5. Pasemon anu saluyu jeung eusi sajak
 
CARA NYIEUN SAJAK
        Nyieun sajak, teu ka iket ku katangtuan wirahma (irama, wirahma (irama), guru wilangan  guru lagu, jeung  purwakanti, beda jeung nyieun pupuh aya katangtuan nu khusus, tapi unsur kaendahan kecap jadi hal nu kacida pentingna dina sajak. Sabab kaendahan jeung pilihan kecap dina sajak, bakal jadi  hal pokok  pikeun nangtukeun eta sajak nganung  ajen nu luhur atawa henteuna eta sajak. aya tahapan cara nyieun  Sajak:
        1. nangtukeun jejer sajak
Lamun urang rek nyieun sajak kudu nangtukeun heula naon nu jadi jejer sajak naha kaayaan  alam, agama, pendidikan, cinta, jeung rea-rea deui, saluyu jeung kahayang nu ngarang
        2. nangtukeun  rasa jeung kaayaan hate
Sanggeus nangtukeun jejer, tahap satuluyna nangtukeun rasa jeung suasana atawa kaayaan hate, contona sajak cinta nu ngagambarkeun kabungah atawa kasedih. Rasa gumbira naha waktu  ”PDKT” atawa “jadian”. Lamun sedih naha “putus cinta,  kabogoh di kawin batur, atawa ditinggal maot.
        3. Gunakeunn imajinasi
Maksud imajinasi didieu sawangan pengarang anu nyoko kana :
a.   panempo (visual), Misalnya srangenge hurung ngagebur 
b.  pangrungu (audio), ngaguludug handaruan 
c.   perasaan/kaayaan hate. sedih taya papadana 

        4. Gunakeun simbol atawa perlambang                                                     Misalnya kekerot nyabut  bedog  ngarupakeun gambaran nu ambek.
        5. nyusun  kecap
Pilih kecap anu  endah dibacana , nu ngabogaan   wirahma (irama), murwakanti  (rima)  gaya basa. Gaya basa Tah eta hal-hal nu kaasup unsur instrinsik jeung tahapan cara nyieun sajak bahasa Sunda. 
Mugia uraian di luhur aya mangfaatna, manga ah wilujeng nyobaan nyirun sajak! Lamun diterapkeun ka murid saluyukeun jeung umur oge kabeungharan kecap anu dipiboga ku murid , nu pasti sajak nu dibaca disaluyukeun jeung kamampuan murid , sarta di tungtun ku guru pikeun ngabedah eusi sajak nu rek dibaca. Kitu deui dinya nyieun sajak jejerna disaluyukeun jeung kaayaan sarta jiwa murid saluyu jeung tahapan kelas sewang sewangan
 

2 komentar untuk "CARA YANG TEPAT UNTUK BELAJAR MEMBACA DAN MAMBUAT PUISI /SAJAK"