DINA AMPARAN SAJADAH

 

DINA AMPARAN SAJADAH

(Kenging Undang Sumargan)

 

DINA AMPARAN SAJADAH

 

Dina ramo-ramo langit


Aya carita nu kungsi karandapan


Nepikeun pirang-pirang kahayang


Carita  lampah ditulis dina amparan sajadah

 

Séah angin kapireng ngahudang bangbaluh kalbu

Nyeuit ngagerihan haté nu pinuh ku ka simpe

Ya Allah, ……………….Ya nabiyuloh

Salira nu tos mukakeun panto peuting.

tos lami kuring teu nepangan salira

ninggalkeun langit nu geus teu baranang.

Titereb na lautan masiat

Dina simpena peuting

Aya sora aweuhan  naratas  langit

Aya gerentes doa nu  ngagalindeng

Aya keclak talaga cimata nu wening

Mugia  nafas angin nu ngahiliwir

Muragkeun dosa sanajan sakeprul sakeprul

 

Mugia panto ijabah masih muka Ya Rob

Sangkan diri teu lamokot

Ku dosa nu geus ngalimpudan

Wanci janari pruspris girimis

Mangsa panto langit ngablakeun lawang ijabah

Ti dieu dina sajadah nu cipruk citangis

Kuring namprakeun dua panangan

Mugia gusti niupkeun banyu kahuripan

Ka raga nu geus rangsak ku dosa

 

Tasik Pakidulan 17 Pebruari 2023


NA NGEBRAKNA CAHYA  PURNAMA

(Kenging : Undang Sumargana)

 

Na ngebrakna cahya purnama

Aya pasini matotoskeun janji

Na hiliwirna angin peuting

Disaksi  kiceup tina rapangna bentang

Ramo urang harita teh  patarema

Cumarita dibareng getering rasa

 

Jungjunan ……!

Kembang asih harita nu ngarandakah

Dina galih duriat  muru balebat

Aya cinta ngagalura

Ngendeurkeun sakujur sukma

Kasaksi cahya purnama

Urang silanglang na mega bodas

Mega  harepan

Sili simbeuh ku  banyu kadeudeuh

Na galih rasa kembang duriat

 

Tasik Pakidulan 17 Pebruari 2023

 

SIRUNG KANYAAH

Kenging : Undang Sumargana

 

Jungjunan ……!

Akang harita nyoba ngaitkeun ruruhit raga

Sabada  ngangkleung na sesebitan kasedih

Ti harita  jangkar  ngait  morek  pukah

Na  darmaga kanyaah nu moal laas


Angin laut di santolo  motah

Meupeuskeun ombak na batu karang

Basa panon poé séséléké

Rék ngoréhan dasar haté

Nu keur ngangkleung na sawangan

Horeng haté terus cumantél

Nunggu sakotret cahya kahéman

Nu haat datang mawa kanyaah

Nancebkeun binih harepan

Sugan jadi na galih asih kembang duriat

 

Na lengkob haté

Sisi galura liuh, na weningna galih ati

Binih kanyaah

Sirungna terus ngarandakah.

Ka tiruk jamparing asih

Horeng siki harepan

Moal laas  disontrolan  moreretna panas poe

 

Santolo ,  17 Januari 2017


TAPAK LENGKAH NU KARANDAPAN

Kenging : Undang Sumargana

 

Angin lilimbungn melenoykeun dahan harepan

Nu masih nyangsang na regang-regang kamelang

Seah ommbak ngabula-bali mangpengkeun katineung

Nu kandeg na ranggeman tangtungan batu karang.

Sora tonggérét nyereset ngageret hate

Dina léngkah panineungan nu datang ngalelewaan

Aya kasimpé nyaliara dina rasa

Nu nyelap na tapak-tapak lengkah nu karandapan

Budah ombak budah lambak

Nu napak na bobodas hate

Muru tungtung waktu

Najan udagan jauh tina tetekon

Ieu jirim ngudag jisim

Na tangtungan nu ngalanglayung

Bongan teu pageuh nyekel tetekon

Hirup loba ngaropea lamaran dosa

Ngalalakon na heab pangajak syetan

 

Tasik pakidulan, ditulis 16 Mei 2017

 

WARTA JANARI  KEUR JUNGJUNAN

(Kenging : Undang Sumargana)

 

Junjunan………!

lengkah akang  poe ieu

jadi  kaneg gandrung dina liliwungna cahya balebat.

Tapi sakumaha pait peuheurna kahirupan

Akang nikreuh taya batur pakumaha

 

Junjunan……...!

Dina ciprukna ibun janari

Na rarambu peuting handapeun bitis langit

Sukma akang ngarajah dina lapad doa kamaslahatan

Sangkan hirup tinemu bagja samemeh nyawa diusir raga

 

Junjunan ……...!

Sanajan gebyarna cahya langit kasaput halimun

Tapi akang yakin cahya Allah welas asih

Nu bakal nyaangan ka umat sajagat buana

 

Tasik pakidulan, ditulis 16 Mei 2017

Posting Komentar untuk "DINA AMPARAN SAJADAH"