DINA GERENDENG DZIKIR JANARI/ NYORANG JALAN PANGBALIKAN...

 


DINA GERENDENGNA DZIKIR JANARI

Kenging : Undang Sumargana

 

Diri nyangsaya

Dina rangkulan angin janari

Aya jerit niir  langit

Nembus ka gagana wiati

Dina gerendeng dzikir janari

Sugan diri aya dina pangampura Gusti

 

Girimis anjog ngembat lalangsé janari

Sanggeus beurang tadi mata poé

Ngarerab kasarakahan nu ngabubulak

Sagebar dosa nu atra  nembongan

Jadi panghalang na doa nu dipersabenan

Mugia ieu dosa ngalembéréh dina pangsujudan

 

Teu bade nganaha-naha Gusti......

Rumasa, abdi rumasa ieu diri

Dina renghap sadami-sadami

Kuring ngaheja asma Anjeun ya Robbi

Ya Rohman

Ya Rohim

Ya mujibas Syailin.

Keun ieu kalbu sina ngalagu

Ieu ngan ukur pangabakti Ya Illahi

 

Tasik Pakidulan Agustus 2022

 

NYORANG JALAN PANGBALIKAN

(Kenging Undang Sumargana)

 

Raga-raga nu ngarigig  mapaes dunya

Geus  lumampah sakarep ingsun

Hirup teu boga rasa rumasa

Ngarasa dirina boga kawasa

Padahal nyawa moal ngancik salilana

 

Jiwa-jiwa nu angkara

Kalimpudan ku kasarakahan

Padahal  kahirupan dunya ngan ukur hiasan

Naon nu jadi andelan nyorang jalan pangbalikan ?

Naha harta numpuk ladang basilat

Rek tega diwariskeun ka anak incu kana masia

Atawa pangkat jeung gelar kahormatan

Ukur jadi tulisan na tutunggul di pajaratan


Kaadilan Alloh moal melok ku panyombo

Para malaikat moal kabengbat ku carita pangacara

Taya hargana kapinteran keur didunya

Lampah sasar geus moal bisa ditutupan


Tasik Pakidulan Agustus 2022


KIYAMAH

Kenging :  Undang Sumargana

(Haturan ka wargi pangling-ngeling  kana datangna poe balitungan)

 

Ting burisat cahya kilat

Ngalentab ngahuru jagat

Ngageleger sora gugur

Langit genjlong bumi eundeur

Hujan rongkah,

caah bedah teu katadah

 

Bumi ngaplak  taya sisi

Lautan pindah kadarat

Pangeusina ting koceak

Jeritna mapakan langit

Tinggal raga taya nyawa

Ngagulung nyarah jeung runtah


Langit rungkad.

Ngalingkup murulukeun  bentang

Muragkeun bulan, ngabahekeun panon poe

Jagat ancur nggulung jadi lautan

Taya sesa sakabeh anu nyawaan

Sukmana geus ting belasat  ngabaliur kabuana

Tinggal raga patulayah nyangkere geus jadi bangke


Reup jagat simpe rehe

Nunggu hudang digebrag kumpul di alam masyar

Balitungan panungtungan, tinimbangan maha adil

Rek beurat  kamana timbangan urang?

Katuhu alamat surga sumber lana kabagjaan

Atawa Kenca

Alamat nandang tunggara nngarasa  siksa naraka

Wallahu Alam

Gumantung ka pepelaakan dina lampah kahirupan.

 

Tasik Pakidulan, Agustus   2022


LAYUNG SURUP  LUHUR LAUT CIPATUJAH

Kenging :  Undang Sumargana


Tanding ciung  ngabiur  rek muru gunung

Pejah ombak ngajaul rek ngajul  layung

Mepende  hate  rehe nu  pinuh rasa kasimpe

Nyungsi angin milu lirih muru  surup mata poe

 

Ngampih beurang datang peuting

Surup layung  kasaput ku  kuwung-kuwung

Mangsa  Urang kapigandrung

Sora hegar diri anjeun kalindih  seah  galura

Ketug lini nu endeur dina  jajantung

Ngarucita  na endahna katumbiri

Mapag girimis nu ngepris na hujan leutik

Datang   poyan ngeprul banyu kahuripan

 

Pupulihkeun na gupay dahan kalapa

 Popoyankeun ka sinagar

Ka  buana puseur dayeuh

Endah laut Cipatujah

Pantes Pangrereban  menak

Nu nyungsi ngelirkeun pikir

 

Tasik Pakidulan, Agustus  2022


DI MUMUNGGANG  KARANG TAWULAN

(Kenging  : Undang Sumargana)

Haturan kanggo urang Cikalong, Tasikmalaya: nu Gaduh Karang Tawulan)

 

Kungsi di sungsi  ka mumunggang Karang Tawulan

Nyukcruk jalan mapay lacak carita urang duaan

Ilang kalangkang ka saput rambu halimun

Seah ombak nembrag karang

Ukur layung humarurung katiruk ku kuwung-kuwung

 

Naha urang bisa tepung, .....?

Sedengkeun diri akang masih asa katalimbeng

Teuing kasaha, jeung kamana rek bisa nyanding

Atawa jalan nu masih ngemplad panjang

Diluhureun awun-awun, mubus na mongklengna peuting

Dina girimis nu ngaririncik

Nurih jemplingna burit anu ceurik balilihan

Tasik Pakidulan, Agustus 2022

3 komentar untuk "DINA GERENDENG DZIKIR JANARI/ NYORANG JALAN PANGBALIKAN..."

  1. IEU SAJAK PANGELING NGELING KEUR NU HAYANG ELING

    BalasHapus
  2. Bapa,punten...🙏 Dupi bapa,kantos ngawulang di MAN Bantarkalong taun 2002/2003 ?

    BalasHapus
    Balasan
    1. hapunten neme diwaler, abdimah teu kantos ngawulang di MAN

      Hapus