SANTANA KEUR NGALALANA
Bagian ka-1
(Kenging Undang Sumargana)
.jpeg) |
SANTANA KEUR NGALALANA (BAGEAN KA-1) |
Giwangkara
sumirat ti beulah kulon cahyana murub mubyar ngahibaran alam, hiji jajaka keur
ngarasakeun tiisna cai talaga, ngarasakeun hiliwirna angin, ngarasakeun liuhna
talaga nu kahibaran rungunukna daun tatangkalan nu tumuwuh sisi talaga.
“Emh….asa
geus jauh nyorang lalampahan ngalalana, niat neangan luang, Nyukcruk hiji sepuh
nemonan parentah guruna”, gerentes hate jajaka bari babatek ngaleungitkeun
rereged na awakna” lalaunan muru ka sisi talaga terus ngagibrigkeun cai tina awakna, sarta rap deui make pakean nu ngalumuk
di sisi talag. Awakna karasa seger deui,
“Tapi
waktu moal lila maju ka magrib” Ceuk pikirna manehna nyokot kaputusan pikeun
modok neangan tempat pangrereban nepi ka subuh. Waktu manehna kukurilingan, bari luak lieuk, teu
kanyahoan aya lengkah gancang, sarta ngorobas ti jero rungkun aya maung keur mampret lumpat, Santana kaget geuwat
meped kana sisi tangkal bungur nu daunna
ngarunggunuk hejo.
“Hus
sia teh awas siah mun datang datang deui ngaganggu sato inguan dewek” ceuk hiji
kolot bari ngulang ngulang paneungeul. Eta maung ngagaur bari mangpret lumpat Tarik
pisan. Ari si aki teu kebat ngudagna.
“Bagea,
Jalu anaking , tong molohok, hayu milu
kasaung” teu loba mikir Santana nuturkeun eta lalaki muru ka hiji saung luhur jangkung
nuaya di tengah tengah huma.
“Sok
unggah Jalu, tuh aya liwet jeung pais lauk di juru saung tuh caina dina kukuk”
santana teu loba carita koloyong wae ka sisi saung muka liwet dina kastrol
sarta pais lauk”
“Sok
jalu tong asa-asa, eta oge sesa aki samemeh ngaberik si Tangkurak”
“Di
tampi Ki”, Santana ngahempak ngahanca liwet jeung pais lauk, karasa nimatna
sabab geus sababaraha minggu lalampahan ukur manggih bubuahan. Beres dahar
curulung nyicikeun cai kana batok kalapa nu geus herang lesang.
“Sok
tah jalu diuk didieu bari ngobrol bari reureuh, geus sare didieu, sabab moal
lila magrib”.
“Cageur
jalu, Ki Aji Pengestu guru hidep?” ceuk
eta lalaki anyar pinanggih.
Santana
kaget alah batan paamprok jeung maung nu tadi.
“Aya
hibar Ki” Santana ngajawab bari asa-asa.
“Tong
kaget jalu ieu kula Ki Ajar Pangestu nu jadi guruna guru
hidep”. Santana atoh jeung leuwih kaget deui bae, tetela ieu kolot teh nu keur
diteangan nemonan parentah guruna. Brek wae aniprek bari nyuuh na pangkonan eta
kolot.
“Alhamdulillah
Ki, abdi tos dua minggu asruk-asrukan,
teu nyana ditepangkeun di dieu”
“Geus
hidep tong heran jalu anaking, anguran mah urang solat magrib heula ke tos Isa
di tuluykeun deui ngobrol.”
“Duanana
turun ti saung luhur mapay tangga, eta saung luhurna kira-kira 5 meter ditihangan
ku tangkal jati petingan anu lumayan cukup gede Wangunanna kacida wewegna,
ukuranna kira kira 3 x 4 meter, tiungna
hateup dilapisan ku injuk ti l;uhurna. Keur nu can biasamah turun unggah mapay
tangga sakitu teh lumayan matak cape, tapi
keur Ki Ajar pangestu, sanajan umurna geus leuwih saratus taun, teu jadi masalah, awakna masih waringkas
kaleker, batinna pinuh ku pangeusi estu kasipuh pangarti luar jero.
Beres
wudu kalacat deui unggah ka luhur ngalaksanakeun solat magrib, diteruskeun
babacaan munajat nepi ka Isa, sarta sanggeusna manjing Isa diteruskeun ngalaksanakeun
solat Isa.
“Tah
Jalu mun can tunuh aya copy cai panasna na teko Almunium, masih panas, da teko etamah
lumayan awet panasna.”
”Jalu
saenyana kadatangan hidep, ku aki geus ditunggu-tunggu ti kamari, memang ka Aki
geus aya ilapat 4 poe ka tukang, saenyana ti barang hidep mandi di Talaga, ku
aki geus kaciri, tapi diantep hayang nyaho kumaha hidep manggihkeun tempat Aki”
“Saleresna
Ki, Santana tos asa putus harepan geus 2
minggu nyungsi leuweung ngasruk tegalan, sare sakaparan-paran, barang dahar
sakapanggih nu aya dileuweung, ayeuna pareng ditepangkeun, alhamdulillah Ya
Allah”.
“Geus
Jalu, da memang jalana hirup aya nu ngatur, teu beunang dihayang-hayang teu
beunang di emung-emung, hayang jeung emung lain urang nu boga tapi Allah anu
kagungan, malah urang oge gubrag ka dunya lain meunang hayang, waktuna maot teu
bisa emung. Sakabeh mahluk ayana tina euweuh, engke na waktuna teu bisa emung
lamun Malakal maot ngaeuweuhkeun urang ti dunya, nyabut nyawa sakabeh mahluk,
ka asup Malakal maot malaikat nu
diparentahkeun ku Allah nyabut nyawa bakal ngalaman maot.Ngan Allah nu ayana
asal tina aya bakal terus langgeng salilana.”
“Duh
Ki katampi pisan eta cariosan aki, jadi ngalugaykeun deui kasadaran tina
hakekat hirup.”
“Geus
jalu geura istirahat, tuh aya amparan kulit mencek meunang ngampuhkeun 5 kulit
mencek di hijikeun, bantalna tuh dijuru, ke Jam tilu wayahna kudu geus hudang”
“Muhun
Ki sok sanaos masih sono ngobrol, tapi ieuh soca geus karaos tunduh”
“Santana
ngamparkeun kulit mencek, nyokot bantal, kabeneran aya bantal 2 hiji ewang
jeung Ki Aji Pangestu”
Di
jero saung geus teu kadenge deui nu ngarawangkong, di luar cahya purnama ngebrak
nyaanganka sakuliah alam, Angin ge ngadadak tingtrim geus teu nyoara deui, ukur
simeut Nangka, ciang-ciang sarta sasatoan nu sejenna disarada lir paduan sora gamelan nu
kacida endahna.
Nyamung
ka bagean 2
Location:
Posting Komentar untuk "SANTANA KEUR NGALALANA (BAGEAN KA-1)"