SANTANA KEUR NGALALANA
Carita
nyambung bagẻan ka- 3
(Kenging : Undang Sumargana)
Poẻ
beuki beurang sang Giwangkara nyorotkeun cahayana sumirat di langit, langit
lenglang, rupa biru paselang jeung bodas, cicirẻn maju halodo rẻk manjang.Tatangkalan
ting pelenoy katebak angin, jiga nu gugupay ka Santana nu kakarẻk sapoẻ aya
didinya, sedengkeun Santana dibarengan ku Ki Ajeng Pangẻstu muru ka Talaga nu
jarakna kira-kira 100 meter ti saung tempat pangrerebanana.
”Tah ieu jalu talaga nu dipakẻ mandi ku
hidep kamari, katelahna talaga kahuripan, caina memang canemrang herang sabab
ngarupakeun cai nu kaluar tina matan cai
seserepan akar tutuwuhan. Jalma sẻjẻn
euweuh nu wani ngalanto komo manimah didieu keurmah tempatna jauh ka lemur,
lampah boga anggapan sanget, padahal nu puguhmah merẻ kahirupan ka sakabẻh sato
nu aya di sabudeureun ieu leuweung. Coba lamun tadi isuk-isuk pisan atawa engkẻ
maju kaburit, ku urang bisa kasaksian sato nu mani di ieu talaga.
”Muhun leres Ki abdi kamari ngarasakeun
segerna cai Talaga.”
”Tah kahareupmah sapoẻ sakali hidep kudu
mani bari ngojay di ieu talaga, ngojay
bulak balik ti sisi Beulah dieu nuju ka tungtung balik deui kadieu, lah paling
aya 250 meteran jadi bulak balik 500 meter, cukup keur Latihan napas olah raga
di ieu talaga.”
”Muhun Ki, tapi asana moal kiat bulak
balikmah”.
”Nu matak perlu ngabiasakeun keur ngalatih
kakuatan awak”.
“Hayu rang kabeulah ditu jalu!”
“Santana nuturkeun asup ka jero leuweung
tapi teu lila mangih tegalan nu pinuh ku jukut, ditengahna aya tangkal kiara
anu raweuy ku akar gantung anu geus jarangotan”
”Tah jalu akar ieu bisa dipakẻ ngalatih
kakuatan leungeun naẻk ka puncer kiara”. Kitu jeung kitu wẻ sapoẻ ẻtamah
Santana diwanohkeun ka sabudeureun ẻta tempat. Ari ngalieuk ka Beulah wẻtan
Santana nempo saabrulan merak di sisi tegalan, katempo merak bikang keur ngabẻbẻr
bẻbẻr jangjangna mikat sang jalu sangkan nyalampeurkeun, Tetempoan anu kacida ẻndahna, di luhur kiara, monyet gugulayunan, jiga nu mamẻrkeun
kabisana. Sato sato nu aya di dinya teu sarieuneun malah loba nu ngadeukeutan
jiga nu hayang leuwih wanoh utamana ka Santana nu kakara saliwat ditepungkeun
ku Ki Aji Pangestu.
”Yu
ah Jalu cukup poẻ ieumah kukurilingan di sabudeureun ieu tempat, rang ka Talaga
bari meresihan awak sakalian Aki hayang apal nepi kamana kakuatan hidep ngojay
di talaga.” Duanana ngabelesat muru talaga, katempona teu napak kana taneuh
ngagunakeun ẻlmu ngahampangkeun awak nu geus aya dina tataran nu luhur, aya kalana melesat
luluncatan dina pucuk-pucuk tangkal. Teu kungsi lila geus narepi kasisi talaga.
Tuluy maruka pakean tinggal kolor nu dipakẻ
Jalu sok rang balap jeung aki bulak balik
nepi deui ka sisi beulah dieu, Aki Ajar Pangestu ngabelesat nyuruwuk dina kulit
cai, sakapeung ngalelep jeroeun cai,
sedengkeun Santana nuturkeun jauh katingaleun, sanajan manẻhna naker tanagana, Santana
masih ditengah Si Aki geus balik deui papapag, nepi kasisi Santana geus renghap
ranjug tapi maksakeun balik deui sedeng Aki Ajar Pangestu geus nepi deui ka
sisi tempat panginditan tadi. Ahirna
dina jarak waktu nu cukup lila Santana nepi deui ka sisi kadeukeut si Aki dina
napas nu renghap ranjug. Nepi kasisi Santana nyarandẻ sisi talaga bari ngatur
napasna.
“Uuuhh, budak ngora, ẻleh ku aki-aki jalu”
“Aduh capẻ Ki”
”Nu matak jalu kudu mineng dilatih, sarta
kudu apal ẻlmuna makẻ dadasar anu bener.” Geus wẻ poẻ ieumah anggur urang
kasaung muru solat lohor sarta ngareureuhkeun ka capẻ. Muru ka saung dina lẻngkah
biasa sakumaha ilaharna leumpang jalma sapopoẻ teu ngabelesat ngagunakeun ẻlmu
ngahampangkeun awak.
Sabada ngalaksanakeun solat lohor, Ki Ajar
Pangestu, ngahaja ngajak ngobrol
Santana, sarta ti mimiti harita Santana diangkat jadi muridna.
“Jalu ti mimiti ayeuna hidep resmi jadi
murid Aki, sanajan hidep didieu kakara sapoẻ,
tapi aki geus bisa ngukur nepi kamana tahapan kamampuan hidep, sanajan keur
ukuran jalma biasa mah elmu kanuragan
hidep lain bantrak bantrakeun, oge ẻlmu batin nu dicangking ku hidep geus cukup
luhur. Aki yakin elmu nu diturunkeun ku budak sakaligus murid aki Ki Aji
Pangestu geus koredas ditamplokeun kabeh, tapi teu sakabẻh elmu Aki dipimilik
ku Ki Aji, nu matak Ki Aji ngajurung hidep neangan Aki ogẻ. Keur Aki bungah
jalu sabab hidep bakal jadi panerus aki nuluykeun tapak lacak nanjeurkeun
bebeneran ngabasmi kajahatan, nu teu bisa karẻngsẻkeun, malah sapanjang dunya
ngadeg kajahatan moal ngalakon musna, nu penting usaha urang satekah polah,
bari jeung urang kudu nyaho elmu bebenran saluyu jeung panungtun agama Islam
ageman urang.
”Pangẻstu Ki Guru, abdi bingah liwat
saking dijantenkeun murid Aki, sarta janji dina manah bakal soson soson ngalap ẻlmu
ti Aki, tong asa-asa Aki nalingakeun sareng ngalempengkeun abdi, Malum abdi
masih atah perlu bimbingan Aki” Santana nyarita pinuh k uku rasa Ajrih sarta
kabungah nu taya kendatna.
“Geus sesa waktu poẻ ieu jeung poẻ isuk
hidep bisa ngalanglang ieu leuweung sorangan, pageto poẻ kemis hidep puasa
nyenen kemis, peutingna dimimitian jam 12.00 tengah peuting urang prak mimitian
ngalatih elmu pikeun nyeukeutan rasa. Jig ayeunamah rek nyarap heula nyarap
heula rek tuluy istirahat atawa ngalanglang ieu leuweung kuma hidep, asal ulah
kaluar ti ieu leuweung komo nepi ka lemurmah.
Santana muru ka tempat dahareun, aya cau
asak cukup keur sasarap beurangmah, teu lila amitan ka Guruna ngan belesat waẻ
kaluar clẻ manehna nangtung na puncer
kai ki Hiang kira-kira jauhna 7
meter ti saung. Culang cileung jleng deui luncat kana tangkal lamẻ, kitu jeung
kitu wẻ ahirna manehna nepi kategalan nu tadi, terus ngeprokeun leungeun
luhureun sirahna sakumaha anu pernah dipraktẻkeun ti Guruna, teu kanyoan
tingkurunyung sasatoan, sanajan reuwas tapi yakin eta sato moal aya nu wani
ganggu ka manẻhna. Teurs ngadeukeutan maung Lodaya jalu anu kacida gedẻna, ẻta
lodaya ngan ukur kupat kepot buntutna bari jeung ngaletakkkan sukuna, jiga nu
manggih kabungah nu taya papadana.
”Hẻi lodaya ngaran maneh timimiti ayeuna
ku kula disebut sibelang, sarta anjeun jadi sobat sakaligus jadi tutumpakan di mana diperlukeun, tah lamun
kula manggil ngaran belang ngandung harti anjeun kudu datang”
Si belang ukur ngagerem bari kupat kepot
buntutna tandaning ngarti kana naon nu diomongkeun ku Santana.
” Jig nu sẻjẻn nyingkah tapi anjeun belang
milu jeung kula” satu nu sẻjen lalumpatan deui ka ruyuk sedengkeun si belang
kalah ngalenehan ka santana. Clak waẻ Santana numpak kana tongongna.
“Hayu belang rang ngurilingan leuweung,
tapi teu kudu lumpat leumpang biasa wẻ. si belang maju lalaunan, leumpang
sakumaha kahayang Santana. Santana naplok na tonggong Si Belang.
”Tarikan belang majuna?” Si Belang rada
lumpat tapi teu Tarik, maju terus ka wetan sarta lamun terus maju bakal nepi ka
Pasir ampok, bisa turun ka lemur Cangkuang atawa bisa mengkol ka Cirarangkon,
anu kadituna bras ka Citaneuh beureum
atawa lempeng ka Leuweun Cimaung ,ka Babakan teus ka Kampung Tenjosari. Tapi da
Santana teu maksud kaluar ti Leuweung komo kalemur tempat nganjrek jelema atuh
meureun matak ibur, Santana katut si Belang ngan ukur nepi ka sisi leuweung
geledegan. Terus balik deui nyaksrak leuweung, akhirna nepi deui katempat nu
tadi, Santana turun terus ngusapan tonggong Si Belang.
”Cukup Belang keur poẻ nuhun, jig hidep bisi rẻk liar deui” Si Belang unur
unuran bari melong ka Sntana jleng luncat gorobas kanu bala. Sedengkeun santana
ngabelesat muru ka pancuran rẻk ngabersihan awak. Beres mani tuluy muru hawu
ngaliwet saperti biasa lumrah make suluh,
👍👍👍
BalasHapuspunten sok sanaos latar tempatn utamina ngaran tempat nu aya di Cikukulu tapi, ieu mung saukur carita fiktif numutkeun imajinasi simkuring
BalasHapus