SANTANA
KEUR NGALALANA
Carita
nyambung bagẻan ka- 4)
(Kenging : Undang Sumargana)
“Geus
sẻsa waktu poẻ ieu jeung poẻ isuk hidep bisa ngalanglang ieu leuweung sorangan,
pagẻto poẻ kemis hidep puasa nyenẻn kemis, peutingna dimimitian jam 12.00
tengah peuting urang prak mimitian ngalatih elmu pikeun nyeukeutan rasa. Jig ayeunamah rẻk nyarap heula nyarap heula rẻk
tuluy istirahat atawa ngalanglang ieu leuweung kuma hidep, asal ulah kaluar ti
ieu leuweung komo nepi ka lemurmah
Ti
bada magrib kenẻh bulan geus katẻmong nyorotkeun cahayana, malum harita maju
tanggal 14 mangsana buleudan bulan katemong kabẻh. Gurat gurat di langit teu
pati katẻmong ngan rupa biru bersih tandana alam maju halodo, angin dina pucuk
pucuk tangkal, jiga nu nyebarkeun beja ka sakabeh alam pileuweungan yẻn di ẻta
tempat bakal lahir jawara sajati nu peuting harita bakal mimiti digemblẻng.
Ti
bada solat isa Santana geus diiberan yẻn pas jam 12.00 peuting kudu nyaring
pikeun nampa pituduh awal ngalatih kaseukeutan rasa, nu disebut elmu Panggelar
rasa, dimana elmu Panggelar Rasa geus di pimilik jalma bakal timbul welas asih
ka sakabẻh mahluk anu kumalendang, sara sarta geleterna kaayaan sakabeh alam
bakal bisa ngarasakeun. Sabada solat isa
Santana geus sarẻ, kitu deui Ki Ajar Pengestu. Jam 11.00 Santana geus
dihudangkeun ku Ki Ajar sarta dititah kacai mandi heula, teu lila Santana geus
aya hareupeun Ki Ajar, makẻ pakẻan sing sarwa bodas.
“Jalu
Kasẻp aki rek ngajarkeun kahidep ẻlmu Panggelar rasa, prakprakanana dina
dimimitian solat tobat, sangkan dosa-dosa hidep nu kaliwat meunang ampuan ti
Allo, sabada bẻrẻs ngadoa, posisi hidep tetep sila, leungan ditamprakeun na
luhur pingping bari tramprakeun, pusatkeun
pikiran ucapkeun lapad istigfar na hatẻ rasakeun geteran na leungeun lila lila
bakal karasa aya hawa jeung geteran
murni nu asup na sela-sela leungeun, sok
saheula anan ẻta cara praktẻkeun nepi ka jam 03.30. kẻ ku aki jam 3.00
disamperukeun deui ka dieu”. Geus papatah ka muridna jorẻlat Ki Ajar pangẻstu, ngabelesat clẻ na pucuk bungur nu jadi deukeut
saung manẻhna gẻ sarua mraktẻkeun nu
dipapatahkeun ka muridna, bedana manẻh namah diuk dina pucuk bungur jiga nu ngarasa genah awakna
hampang pisan, sedengkeun santana harita sila menekung dijero saung.
Sajeroning
Santana sila bari namprakeun leungeun luhureun pingping, pikiranna museur ka nu
maha Agung, biwirna ngunyem ngucapkeun istigpar, kana awakna karasa aya hawa
murni asup lalaunan ngaliwatan ramo ramo, leungeun anu rangah. Beuki lila beuki
loba ngahiji nyaliara dina sakujur
awakna, parat nepi kasatengah opat, kagareuwahkeun ku guruna anu geus aya di
jero saung.
”Geus
geura lugay jalu, cukup keur peuting
ieu, isuk hidep wayahn kudu puasa!” Santana ngajorelat muru tampian, teu
lila geus balik deui ngadago waktu subuh
“Jalu,
coba engkẻ, isuk isuk bada wirid hidep kaluar ngalanglang leuweung, tong heran
lamun aya hal hal anu anẻh nu ka dengẻ atawa karasa ku hidep. Waktu geus maju ka caang Jorẻlat baẻ manehna
ngajorẻlat, waktu ngajorẻlat karasa memang aya nu anẻh awakna leuwih hampang ti
sasari, sarta barang nepi kana taneuh, tina rungkun rungkun leuweung kadẻngẻ
sora sora anu ngarawangkong ngan asa teu puguh pihartieunana, hal ẻta jadi
pikiran santana
”Emmhhh…
ieu meureun, hal-hal anẻh anu diobrolkeun ku guru tẻh”, ceuk Santana ngobrol
sorangan”, beuki ditengetan ẻta sora nu kaluar tina rungkun tẻh singhorẻng sora
sasatoan nu aya di jero leuweung keur ngobrol jeung baturna,
“Moal
ieu tẻh kitu tahapan elmu Panggelar Rasa nu geus mimiti kapimilik ?” Santana
teu loba mikir ngan jorẻlat deui baẻ ka saung, disaung akina mapagkeun ku seuri
leutik, keur Santana mah namah kapanasaran.
“Diuk
jalu” Ki Ajar Pangestu jiga nu surti kana pikiran Santana.
”Tong
hẻran jalu naon nu karasa kadẻngẻ ku hidep, nganung harti elmu Panggelar rasa
mimiti kapimilik ku hidep, lamun hidep geus tilu peuting ngalatih diri asal
tekun insya Allah hidep bakal bisa ngahartikeun naon nu kadẻngẻ ku hidep. Malah
sora tatangkalan ogẻ bakal bisa kabandungan, hartina hidep bisa ngahartikeun
sora sasatoan sora tatangkalan, salian ti ẻta ẻlmu ngahampangkeun awak bakal
leuwih sampurna”.
Ngabandungan
obrolan guruna kitu, santana beuki yakin kana kamampuan guruna, ogẻ kana
kakawasaan gusti Allah. Sarta itikad dina hatẻna pikeun ngalatih diri beuki
soson soson
Tilu
poẻ Santana lumaku kitu, sarta poẻ ka
opat kudu ngalakukeun hal nu sarupa dina luhur pucuk tangkal kai jangkung dina
puncerna, waktuna sarua salila 3 poẻ. Poẻ ka 7 ka 8 jeung ka salapan,
dilakukeun bari diuk dina luhur kulit cai nu aya di Talaga Kahuripan, dina poẻ
ka sapuluh Santana geus bisa ngarasakeun robahna kaayaan dirina, Awakna geus
bisa ngarasakeun elmu ngahampangkeun awak anu geus bisa nepi katahapan
puncerna, pangrunguna anu geus seukeut luar biasa, bisa ngarti kana basa
sasatoan, bahasa tatangkalan, jeung kaseukeutan indrana indra lahir oge
kaseukeutan batinna. Ki Aji Pangestu bungah ningal kaayaan muridna anu ngalaman
kamajuan anu sakitu rongkahna, sanajan masih loba elmu tutungkusan anu can
diwariskeun ka muridna.
Hiji
waktu pasosore santana jeung guruna diuk
sisi talaga, bari ngarasakeun nikmatna hiliwir angin, ngarasakeun lenglangna langit anu kasinaran ku cahya panonpoe,
nimulkeun cahya sumirat lire mas sinangling.
”Jalu
kasep, elmu panggelar rasa geus dikawasa kuhidep, sakaligus jeung dipimilikna
elmu ngahampangkeun awak anu geus nepi kana tahapan puncerna kaseukeutan pangrungu
jeung batin hidep, geus hesẻ nẻangan tandingna, tapi nu paling poko, sikap
welas, sikap asih ka papada jalma kudu
terus ditingkatkeun, kitu deui rasa asih ka papada mahluk gusti liana”
“Nuhun
aki, tapi abdi teu weleh neda bimbingan terus ti Aki”
“Emmhh geus pasti jalu, malah Latihan kahareupna bakal leuwih beurat, sabab aki niat ngawariskeun sakabẻh elmu ka hidep. Tapi sing inget jalu luhureun langit, aya langit, almu manusa taya nu sampurna, taya elmu pamungkas, ngan gusti Allah nu maha sampurna, elmu nu dipimilik ku urang lir ibarat sakeclak cai dilautan dibandingkeun jeung kakawasaan Allah".
Nyambung kana carita saterusna ”SANTANA SATRIA PINILIH NU WELAS ASIH"
Posting Komentar untuk "SANTANA KEUR NGALALANA BAGEAN KA 4"