SANTANA KEUR NGALANA BAGEAN KA 5

 SATRIA PINILIH TI GUHA RAKSA SABANA

Carita nyambung bagẻan ka- 5)

(Kenging : Undang Sumargana)

 

Sateuacana neraskeun kana carios salajengna, simkuring mere gambaran pikeun ieu carita, ngan dibéré judul “SATRIA PINILIH TI GUHA RAKSA SABANA” Sabab dina carita engkena Santana manggihan hiji guha nungarana guha ”RAKSA SABANA”, sarta didinya santana sabada ningkatkeun pangaweruhna ti Ki Ajar Pangestu, nuluykeun ngulik elmu di guha Raksa Sabana. Prung ah wilujeng maos carita dina judul “SATRIA PINILIH TI GUHA SABANA”

Di hiji tegalan santana keur gugulayunan dina akar anu ngarumay tina tangkal kiara anu kacida luhurna, gerakanana gesit, ngan sakilat manéhna geus nyengclé na luhur dahan, jleng luncat muru tangkal nu sején, juralit muterkeun awakna meunang sababaraha puteran saméméh nepi kana tangkal nu séjéna, kitu jeung kitu wé nu dilakukeun ku Santana, manéhna keur ngalatih elmu ngahampangkeun awak. Gerakan anu kacida hébatna nu mustahil bisa dilakukeun ku jalma biasa, mémang elmu-elmu kanuragan du dipimilik ku Santana, geus nepi kana tahapan puncer. Jleng santana luncat nincak batu nu lempar. 

”Belang” Santana ngagorowok ditujukeun ka si Belang maung lodaya tutumpakanana.

gorobas jleng si Belang teu lila geus aya hareupeun Santana, buntutna kupat kepot, sungutna ngalétakan bitis Santana.

”Ayeuna belang hayu rang ngalanglang ieu leuweung, dibarengan Si Ruyuk!” ari Si Ruyuk téh, heulang gedé nu teu welléh nalingakeun Santana lamun keur Latihan.

“Suiiit, suiiit” Santana ngahuit, teu lila si Ruyuk geus nyengclé na dahan kai luhureun Santana.

“Hayu Ruyuk rang ngalanglang leuweung jeung Si Belang!” Si Ruyuk ngagelik bari ngagodegkeun sirahna. Jleng Santana luncat kana tonggong si Belang, belesat Si Belang  lumpat ngabelesat Tarik pisan bari ngagaur.

“His tong gaguran belang, bisi ngagareuwahkeun sato nu séjén.”Di luhur Si Ruyuk nuturkeun suat siet marengan lumpatna Si Belang bari ngagelik jiga nu manggih kabungah. Teu lila Santana eureun dina lawang  Guha anu geus kalimputan rerembetan. 

”Ieu aya guha anu kacida legana, ah aing kudu apal aya naon jeroeun ieu guha.” Teu lila santana geus aya dilawang guha, reremetan nu ngahalangan ukur disuaykeun, sangkan laluasa ngaliwat, dituturkeun ku Si Belang sarta Si Ruyuk nu Nyénglé na tonggong Si Belang. Nu matak jadi héran keur manéhna di jero guha bareresih jiga nudihaja diurus, sarta batu batu nu aya dijero guha kacida endahna, malah aya batu bodas semu beureum, gurat-gurat koneng ngagebur cahayaan nyaangan di jero guha. Santana ngadeukeutan sisi guha didinya ngajeblag gambar- gambar jigana gambar jurus- jurus silat, gambarna di tatah dina sisi batu guha ngagarurat katara atra. Santana beuki panasaran,  sabab didinya aya tulisan ngaran hiji tokoh silat Ki Ajar Sakti, sarta tulisan diukir mani écés,

Kula Ki Ajar Sakti sing saha jajaka anu maca ieu tulisan sarta gambar-gambar jurus Raksa  Jagat, awal akhir  bakal bisa ngawasa ieu jurus sapinuhna, sabada  ngawasa elmu nu diturunkeun ti anak-anak kaula Ki Aji Pangestu jeung Ki Ajar Pangestu, lamun geus ngawasa sakabeh jurus ieu, bakal deukeut kana tingkat  kasampurnaan hirup sarta bakal ngabogaan sipat welas asih ka sasama manusa oge ka sakabeh mahluk kaasup tutuwuhan sato jeung para mahluk gaib. Sakabehna eta bakal tunduk, sarta nurut pikeun babarengan ngabakti ka Allah nu maha sampurna.

Santana ngahuleng sabab ieu tulisan nyabit-nyabit ngaran dua guruna,  tapi manehna teu loba pikiran, sabab ceuk pangrasana engké rék ditanyakeun ka ki Ajar Pangestu di saung. Sanggeus lila ngimeutan nu aya di jero guha, santana manco ka batu nu aya di tengah tengah éta ruangan guha, batu éta ngarupakaeun tangtungan hiji jalma keur sila bari leungeunna namprak ngadoa, matana jiga nu meletet, biwirna jiga nu untap. Lamun ditetek hiji-hiji loba kaanéhan éhan  nu kapanggih di jero guha, tapi keur saharita manéhna geus cukup ngimeutan nu aya jeroeun guha, tapi dina haténa  weléh  nu jadi kapanasaran, saha nu sok meresihan jeroeun guha, da lalening bareresih, sarta biasana dijero guha pinuh ku lalay nu ngagarantung tapi ieumah taya hiji-hiji acan. Padaning kitu Santana akhirna kaluar ti jero guha, sarta rurusuhan numpak Si Belang anu akhirna ngabelesat ka saung tempat matuhna.

Sabada nepi ka saung ka sampak guruna Ki Ajar Pangestu keur sila bari nyanghareup ka jandéla saungna.

“Ti mana Jalu, guningan teu lila ngalanglang leuweung téh?”.

“Kabeneran Ki menakan guha, sarta asup ka jero guha, seueur kaanéhan-kaanéhan di lebet guha Ki” Ki Ajar Pangestu ukur seuri, barabat wae ngjelaskeun ngeunaan guha.

“Sabenerna nu ngajaga éta guha maung bodas, sarta nu meresihan di jerona tilu wanara sakti, ngan kulantaran hidep nu datang moal wanieun manggihan hidep sabab apaleun hidep kahareup nu bakal ngulik elmu kasaktén sakumaha nu digambarkeun di sisi-sisi guha, jeung deui ngeunaan hubungan jeung diri kula ogé Ki Aji Pangestu, anjeunna bapa kula duaan, sabab ti saprak indung kula dipergasa ku  rampog jadug nu dipimpin ku Si Durgala, nya tiharita Bapak kula mawa kula katut Ki Aji Pangestu adi kula ka éta guha dina waktu kula umur 4 taun sarta adi kula umur 2 tahun,  sarta sanggeusna kula jeung Ki Adi dewasa titah ngalalana nyingkah ti eta guha, sarta ceuk anjeunna awal akhir bakal aya pamuda guguru ka duaan nyaeta ka adi jeung ka kula, sarta akhirna lamun geus koredas élmu ti kula jeung Ki Adi kakara bisa meunang pangwaris elmu nu teu kungsi diturunkeun ka kula jeung ki Adi, sakumaha nu digambarkeun dina batu sisi-sisi guha  Jalma séjen moal bisa asup ka jero guha iwal sato nu ngajaga éta guha, sarta pamuda nu digambarkeun tadi, nya hidep jalu nu bakal bisa ngawasa elmu-elmu ti Bapa kaula, sabab kaasup kula jeung Ki Adi moal bisa asup tembus ka jero guha, tapi tunggu ayeunamah cukup nyaho wé heula, sabab saacan ngawasa elmu nu diwariskeun ti kula, hidep moal bisa asup deui ka jero guha.”

Ngadéngé hal caritaan ti nu jadi guruna, Santana ngahuleng, bari jeung ngarasa hanjakal teu lila aya di jero guha, tapi  teu bisa kumaha, iwal ti manéhna dina waktu Kudu sakeudeung ngaréngsékeun ngulik élmu ti Ki Ajar Pangestu. klik  cerita selanjutnya

(NYAMBUNG KA CARITA SATRIA PINILIH TI GUHA RAKSA SABANA BAGEAN KA-2)

2 komentar untuk "SANTANA KEUR NGALANA BAGEAN KA 5"

  1. mun aya knh wa kepoh bakal resep didongengkeuna, cobaan pa sugan aya knh anu sok ngadongeng cara wa kepoh

    BalasHapus