SASAMBAT SANG BANYU KEUR KA MANUSA JEUNG 3 SAJAK SEJENNA

sasambat Banyu kerur manusa hiji sajak ngagambarkeun rongkahna banyu dina mangsa usum hujan biasana nimulkeun masalah kana kahirupan manusa,  datang caah rongkah nu teu saeutik nimbulkeun karugian kana kahirupan ku lapurna raja kaya nu dipiboga. Aya kalana lamun teu panceg dina kaimananmah, nimulkeun rasa aral dina dirina. Padahal lamun dipikir anu bener, datangna banyjir, caah rongkah ngueak-ngawik pakampungan eta akbibat tina tingkah manusa keneh teu bisa ngajaga alam, hirup sarakah, teu nolih kana karuksakan alam, miceun runtah sangeunahna ka walungan, kokocoran cai dipendet dileutikan, tatangkalan panahan cai beak dituaran, atuh dina datangna hujan rongkah cai uwar awer kamana daekna neangan tempat pangocoran, anu akhirna cai nyorang pakampungan tempat padumukan manusa. 

di handapieu  judul Sajak ngagambarkaeun kumaha rongkahna cai akibat diganggu ku kasarakahan manusa, ditambah ku sajak-sajak sejenna.


SASAMBAT SANG  BANYU KEUR KA MANUSA

(Pepeling sangkan urang geura eling)

Kenging: Undang Sumargana

SASAMBAT SANG BANYU KEUR KA  MANUSA JEUNG 3 SAJAK SEJENNA

Kula banyu kahuripan

Anjeun  manusa  nu hirup

Kua ayana nu mere hirup

Jeung ayana nu hirup

Hampura ka pada mahluk

Kula ngamuk nguwak ngawik

Da bongan anjeun telenges

Lain teu ketir kula nerebkeun puluhan nyawa

Lain teu heman kula buntang banting

Nyababkeun tatuna puluhan manusa

Lain telenges kula ngaburak barik sakabeh raja kaya

Bongan anjeun baleang geus teu bisa jadi sobat

 

Tuh sakseni cimata kaula

Masih beueus ngeclak ti langit

Masih ngabayabah na tempat-tempat handap

Bongan anjeun campelak ngaganggu sirah kaula

 

Ka ki sunda nu mangkuk di Kota Garut

Kula hampura........

Sabab pamatuk Citarum

Kapendet sarah jeung runtah

Kalindih leutak nu mayakpak

 

Kula sang Banyu

Ka Ki Sunda nu heman miara alam

Kula hampura, teu bisa ngawilah-wilah

Bongan tempat kula matuh

Beak rangsak disasaak jalma sarakah

Tempat pamuntangan nahan  pasir anu nangtawing

 

Kula sang banyu

Padahal  kula 

geus mineng  mere tanggara

kasaksi na pasir anu bulistir

tong wani nyalahkeun kula

lamun kula  nguwak-ngawik

nyasaak mautan nyawa

 

Hampura lamun kula geus nyoara

Da geus nepi ka mangsana

Bongan totonden jeung tanggara  ti kula

Diantep teu di palire

Sabab heab dunya ti naraka kasarakahan

Geus nutupan mata hate diri anjeun


Hampura, kula sang Banyu menta dihampura

Lamun anjeun masih ngaku sobat dalit

Tong ganggu pangrereban kula

Tong campelak narokan sirah kaula

Sarta tuduhkeun kamana kula lumampah

Sangkan nepi kamuara.

 

Ditulis di Tasik Pakidulan:  23 September 2016


LALAKI LALANANG JAGAT

Kenging : Undang Sumargana

 

Kuring masih sanggup

 Ngayonan musuh pamuk

Ngagurat yuda dina jurit

Tapi kuring  rumasa eleh jajaten

Lamun kudu ngagurat duriat

Sabab hate miheulaan tibelat

 

Kuring masih masih sanggup

Nadah ombak lautan

Nu rek ngaruntagkeun jagat

Kuring masih pengkuh

Masang kuda- kudu na jurus pamungkas

Ngawatek tanaga lapisan jero

Na jurus ampuh

Pasangan Galura Laut Kidul

 

Kuring lalaki lalanang jagat

Lalaki nu kudu katadiresa

Ngalukrah na kalangkang imut anjeun

Na hegarna raray nu marahmay

Na soanten  anu masih ngagalindeng

Na ketak nu lungguh timpuh

Nyangkere na guha simpe

 

Tasik Pakidulan, Rebo, 24 Agustus 2016


KEUR ANJEUN NU TEPANG DI JOMANTARA

(Kenging ; Undang Sumargana)

 

Urang mindeng patepang enung......!

Sanajan saukur  di jomantara

Kebat ngalanglang nepi katungtng balebat

 

Kembang kamelang mimiti ngarandakah

Bareng jeung tumuwuhna sirung kanyaah

Nu mangkak na galih asih kembang duriat

 

Hate mineng cumarita Enung....!

Ngacacang di media gantang.

Sabadi angin janari

niupkeun dalingding asih

nanceb na jatining ati biangna rasa

 

Urang kungsi pateuteup .....enung!

Sanajan ukur na gambar.

Tapi gelenyuna imut anjeun

Geus jadi pangirut

Nu terus tembus kana ketug jajantung

 

Urang kungsi ngedalkeun rasa...Enung!

Sanaos ukur soanten na Harewos  Panangan (HP)

Tapi ieu galih ati terus neundeun kaheman

Sabada ungkara cinta geus dikedalkeun

Bareng jeung palidna umpalan kaheman

Sugan jeung sugan bisa ngamuara

Na lautan asih

Di pencarmangsa cagar jiwa.

 

Tasik Pakidulan, Rabu 31 Agustus 2016

             

 

KEUR ANJEUN NU TEPANG DI JOMANTARA

(Kenging ; Undang Sumargana)

 

Urang mindeng patepang enung......!

Sanajan saukur  di jomantara

Kebat ngalanglang nepi katungtng balebat

 

Kembang kamelang mimiti ngarandakah

Bareng jeung tumuwuhna sirung kanyaah

Nu mangkak na galih asih kembang duriat

 

Hate mineng cumarita Enung....!

Ngacacang di media gantang.

Sabadi angin janari

niupkeun dalingding asih

nanceb na jatining ati biangna rasa

 

Urang kungsi pateuteup .....enung!

Sanajan ukur na gambar.

Tapi gelenyuna imut anjeun

Geus jadi pangirut

Nu terus tembus kana ketug jajantung

 

Urang kungsi ngedalkeun rasa...Enung!

Sanaos ukur soanten na Harewos  Panangan (HP)

Tapi ieu galih ati terus neundeun kaheman

Sabada ungkara cinta geus dikedalkeun

Bareng jeung palidna umpalan kaheman

Sugan jeung sugan bisa ngamuara

Na lautan asih

Di pencarmangsa cagar jiwa.

Tasik Pakidulan, Rabu 31 Agustus 2016

             

 Na Petengna Peuting

Kenging: Undang Sumargana

 

Kuring kungsi ngangseu nyeuaeup petengna peuting

Basa angin janari ngabetrik rapuhna dahan kahirupan

Horeng raga ukur  titipan nu usik marengan rasa

 Katalimbeng   ku  urusan dunya nu pupulasan

 

Kuring ngarasa lungse nyimbutan sesebitan hate

Basa langit ngepris muragkeun ci tangis

Aya ucap ngagalindeng   nu geus lila katalimbeng

Nyangsaya na  dosa nu  numpuk teu katobatan

 

Ieu takbir ngan ukur  nepi  ka tungtung baseuhna biwir

Sabab hate masih rehe teu niruk katungtung kalbu

 Ukur  ngarajah ngalangkang di awang awang

Kumelit na ipisna ruruhit  tungtung  langit.


Kamer pangrereban. 27 Februari 2016

 

ANGKARA MURKA

Kenging  :Undang Sumargana

 

Nyongkab panas mata poe

Ngagarang  bumi gonjang-ganjing

Na lautan kasarakahan

Lebah pasolengkrahna laku manusia

Nu nyamuni satukangeun baju kiai

Nu ngalangkang satukangeun kakawasaan

Sabab rasa geus jadi bangke

Teu boga karumasaan diri

 

Kakawasaan lir peutengna peuting

Na raga-raga manusa

Nu geus ngusap ranggeuman naraka

Lir babaungna ajag kalaparan

Nyeuseup kesang rakyat nu keur tigerat

 

Datang peuting

Sapasi bulan ngeclakeun cimata

Baseuh na amparan sajadah

Ngarenghap dina kasimpe

 Klik Raja Sastra di sini

Duh gusti naha aya keneh kitu manusa n u wijaksana

Naha aya keneh kitu nu disebut angkara murka?

Jawabanna ngan aya na hate arandika.

download di bawah 


Kamer panyileukan, 25 juli 2016

Posting Komentar untuk "SASAMBAT SANG BANYU KEUR KA MANUSA JEUNG 3 SAJAK SEJENNA "