SURAT BALEBAT KEUR KI SUNDA


SURAT BALEBAT  KEUR  KI  SUNDA

Kenging : Undang Sumargana

 

Milang taun lir milang kamelang

Melang ka Ki Sunda sieun leugit tatapakan

Hariwang ku kalangkang  nu datang ngalelewaan

Sunda nanjeur sunda nanjung

Sunda midang mangka langgeng

Digjaya ngudag kawaluyaan

Ngababakan di sarakan panghuripan

 

Wilujeng Milangkala Dangiang  Sunda Pakidulan

Kitu ceuk soara bari ngawurkeun saruntuyan imut

Nu nyumput satukangeun mega

Aya sora ngadangding ngajakan eling

Kawih asri ngahariring, ngentring na langit bihari

 

Karisi teu lantis ku girimis ngepris

Risi hirup kasaput ku haseup dayeuh

nu kotor cakeutreuk hideung

jati ........ kasili  ........ ku junti

Duh ......palias......... teuing

 

Gentreng kacapi kiwari mimiti pamit

Tepak kendang narungtutan laleungitan

Mun wasa nyarita kuring rek nitip asih

Na gerelik suling nembang kamelang

Sangkan Ki sunda lilir ngulisik

 

Bulan nu ngangkleung balayar di langit Bandung

Widadari turun langit.......

ngalayang lebah tanjakkan lembang

Nanggeuy deudeuh

mawa kanyaah Ki Sunda tong kajongjonan

 

ngungkab carita mangsa lawas

Bumi  endeur

Tatar sunda lir  oyag ku lini badag

Samagaha sarengenge

Totonden Ki Sunda nandang tunggara

Prabu maharaja lambang kasatriaan

Lambang kaprawiraan

Jujuluk prabu wangi

Cita resmi nu tega ngemasing pati

Ngajungjung ajen diri wanoja anu satia

Bumela ka lemah cai

Prabu Siliwangi  saterusna katelahna

Jujuluk  ka raja Sunda                                                                                                             

Nu toweksa ka rakyatna

 

Hayu Ki Sunda .....

Geura  lugay nguniang pinuh harepan

Wawangi  siliwangi jadi bukti

Ku sunda pernah digjaya

Wastu kencana  di karaton Sura wisesa

Pangaruhna ngabuana

Kawali nu jadi saksi

 

Gedurkeun deui obor Bandung Lautan api

Na dada arandika

Dada Ki sunda nu boga tekad  rohaka

Ki jalak harupat bukti kuat

yen Ki sunda teu jejerih sieun ku pati

 

Sunda midang ,sunda nunjang ,sunda nanjung

Beungkeut pageuh ku tali silaturahmi

Silih asah-silih asih sili asuh

 jadikeun tatapakan nu  nyoko  na kailhlasan

(Tasik Pakidulan 201)


DI KARANG TAWULAN

Kenging  :  Undang Sumargana

 

Di Karang Tawulan....

Bulan pias katambias

Sabab angin nyangkere  di guha simpe

Basa ombak nembrag karang

Aya carita  ngalanglang pinuh harepan

 

Di Karang Tawulan......

Cinta akang nu lawas teu daek laas

Nu dipungkas nitis tulis

Diri anjeun  tinemu  reujeung patina

mangsa nyawa geus tega ninggalkeun raga

 

Di Karang Tawulan .......

Na pepenclut batu karang

Basa angin lilimbungan

Asih urang enung  mepende hate nu simpe

Cinta urang Enung  ngarandakah

Ngenagkeun ketug jajantun

(Tasik Pakidulan,  2016)

 

NU MANDEG  DINA KAKANGEN

Kenging : Undang Sumargana

 

Basa bulan nyangsaya na mega bodas

Bentang muruluk murag jadi kalakay

Kawas angin nu keur kingkin

Mudalkeun kaheman na lalakon lawas.

Nu mandeg na kakangen sapanjang ambekan

 

Basa ibun tuturubun pasusubuh

Nu nyesa bentang ukur nyengcelak

Samar-samar imut mega mapag beurang

Muka lawang dina ringkang kahariwang

Sabab cinta nu lawas mo deui datang

 

Tangkal  rungkad nangkarak di rajam hujan

Di rabut ku angin ribut

Kasamber ku gelap anu susumbar

Na teteger hate aya dumeling ngageuing

Diri kakara sadar teu perlu aral subaha

Horeng diri Kudu sadrah tumarima

Geus mulang anjeun geus mulang

Nuju alam panghisab di kalanggengan

 

Ditulis na Simpena peuting

 (Tasik Pakidulan 2016)

 

SADRAH

 

Dina sela-sela munajat ka anjeun  ya Allah

Kuring nyobaan nyaliksik diri, naratas raga

Tetela ieu diri perlu panyiram ku tirtaning rahmat

Tirtaninng rahmat ti  anjeun dzat nu Maha asih

Ieu raga  geus karahaan ya dzat Illahi Robbi

Lamokot ku dosa jeung tingkah  nu teu daek merenah

Perlu di seseuh ieu raga ku kalimah toyibah sugan murag kokotorna

 

Dina sela sela munajat ka Anjeun ya Allah dzat nu Maha bijaksana

Kuring sumerah tina lampah sasar ngagugu pangajak syetan

Mangga tibankeun hukuman Anjeun di dunya dzat nu Maha adil

Sabab kuring yakin moal kuat nandang siksa di  akherat

ieu diri nu ngawujud jeung raga nu masih nyawaan

Rumasa  ngacaprak loba milampah angkara

Tapi masih miharep pangampunan anjeun

Ya Allah dzat nu Mahaasih...........

Sabab simkuring yakin lawang tobat masih muka

Ti Anjeun Illahi Robbi ratuning kaadilan.

 

Ditulis dina kamer pangrereban

Nunggu waktu subuh  sabada tahajud

Tasik Pakidulan 2016

 

PASRAH

 

Kuring pasrah kana Kawasa  Anjeun Ya Robbi

Karasa hirup salila ieu loba nincak na kubangan dosa

Dina mangsa janari leutilk Ya Dzat Illahi robbi

Kuring masrahkeun ieu raga anu masih diancikan nyawa

Kasarakahan, kaangkuhan nu salila ieu kadang ngancik na diri

Geus nyasaak roh suci ngancik na satukangeun raga

 

Ikrar kuring ka anjeun Ya Allah

Ashadu Allaaa  Illaaa Ha illaloh

Ikrar kuring Ka anjeun Yaaa Nabiyuloh

Wa ashadu Annaaa  Muhammadarosuululoh

Tapi rumasa Ya Allah Dzat nu maha agung

Hirup mineng papalingpang jeung pituduh anjeun

Hirup teu napak dina conto-conto anjeung Yaa Rosululloh

 

Na mangsa peuting keur simpe Yaa Allah

Karasa diri mungguh taya ajen pangawasa

Rahmat jeung karunia nu geus diawurkeun ku anjeun

Ngan ukur dipake papaes ku simkuring

laku awuntah  sarakah pinuh rasa adigung

 

Ya Allah kuring masrahkeun ieu raga

Bisi rek dipisahkeun jeung nyawa

Sabab Anjeun anu miboga

Kuring ngan ukur wayang-wayang nu keur ngalalakon

Sadaya aya dina pangawasa anjeun

Ya Robbi Dzat nu maharahman

Lamun temah kahadean sim kuring kudu nebus rahmat anjeun

Jauh kana cumpon, tapi naha diri lumaku sok humayua

Padahal hirup ngan satutup umur nu di watesanan ku rahmat anjeun

Rumasa kadang hirup sok ngagulkeun nu dipasihkeun ku anjeun

Lain teu ngadangu kaagungan ajeun nu di contoan ku Rosulullah

Tapi mindeng diri kabengbat ku panggoda syetan

 

Kuring munajat Ka Anjeun Ya Allah...

Dina mangsa ngulisikna angin peuting

Na mangsa rereuhna hate nu geus dipepene ku kadunyaan

Galura rasa nu salila ieu aya na angkleungan kahirupan samar

Kiwari asa katiir ku pagaliwotana kahirupan nu pinuh ku dosa

Lamun temah lain ku sipat rohman rohim Anjeun Ya Allah

Kuring tangtu kaasup mahluk cilaka

Nu wangkelang kana parentah anjeun

                                                                       

Ditulis na mangsa poe ngagayuh ka subuh

Tasik Pakidulan 2016


Posting Komentar untuk "SURAT BALEBAT KEUR KI SUNDA "