SANTANA KEUR NGALALANA 7

 SATRIA PINILIH TI GUHA RAKSA SABANA 2

(Undang Sumargana)

SANTANA KEUR NGALALANA 7


Ringkasan cerita sebelumnya

Mohon maaf saya baru bisa melanjutkan “Cerita Santana Kerur Ngalalana dalam episode  “Satria Pinilih ti Guha Raksa Sabana” 

 Sebelumnya santana menemukan Guha yang namana “Guha Raksa Sabana Disana menemukan beberapa keanehan. Ada tulisan tulisan dan gambar-gambar yang ternyata merupakan ilmu Silat tingkat Tinggi dari seorang pendekar yang Bernama Ki Ajar Sakti. Ternyata dia adalah orang tua dari kedua Guru Santana. Dan sejak saat itu Santana ingin sekali masuk Guha ternyata tidak bisa, kecuali kalau dia sudah tuntas mempelajari ilmu dari Ki Ajar Pangestu, dengan tekun ia menuntaskan pelajaran dari Ki Ajar Pangestu, dan tibalah saatnya untuk masuk ke Guha dan belajar di Guha Raksa Sabana dengan ijin dan Restu Gurunya.


Isukna, sabada solat subuh, santana geus manco harupen nu jadi guruna Ki Ajar Pangestu

“Jalu anaking, isuk-isuk poé ieu hidep geus waktuna asup ka jero guha Raksa Sabana, wayahna hidep moal bisa di barengan ku Kula, sabab iwal ti hidep  nu  bisa asup ka jero guha, sarta tilu wanara Sakti jeung maung bodas, nu bisa lalar liwat, bisa maturan hidep sarta nyadiakeun kapaerluan hidep. Sok jalu sadatang ka jero guha kabeh  nu aya di jero guha bakal mere pituduh pikeun hidep di ajar pengaweruh nu bakal jadi warisan ti Bapak Kula Ki Ajar Sakti ”.

“Ki Guru salami ieu  putra rumaos seueur nyesahkeun, elmu Ki Guru no tos kapimilik mugia manfaat, insya  Santana baris ngajalankeun sakumaha nasehat pun Guru”

“Kula rek ngawariskeun ieu gegaman mangrupa Cameti Sakti pikeun gegaman hidep di mana hidep hiji waktu bisi adu hareupan jeung musuh, tapi tong digunakeun lamun teu kapaksa, engke oge bakal aya pituduh kumaha cara ngagunakeun nana”. Santana namapanan eta gegaman mangrupa cameti anu digulungkeun, karasa waktu ditampanan ayah hawa tiis nu nyalur kana sakujur awakna.

“Hiji deui jalu ieu bungkusan rompi jeung calana cingkrang nudijieun tina kulit lodaya 20 taun ka tukang, bisa dipaké ku hidep lamun pareng hidep turun gunung, lamun hidep mké  ieu rompi jeung calanana moal aya pakarang nu bisa nembus kana awak hidep sarta dilengkepan jeung tutup sirah sarta sapasang sapatuna”. Nga geter  Santana nampanan barang ti Guruna, aya nu ngeclak ngalembereh dina pipina cimata kabungah sarta rasa sedih kingkin bakal papisah jeung guruna. 

“Bral jalu geura indit nuju ka jero Guha”. Guruna ngarangkul Santana. Sanggeus lesot tina rangkulan  Guruna ngaleos atuh santana teu loba carita, jleng luncat clé neté na batu handapeun tangkal caringin teurus Santana ngageroan Si belang, teu lila Si Belang geus aya hareupeunnana.

“Belang hayu hidep, milu ka Kula, ke kukula diwawuhkwun jeung tilu Wanara Sakti oge maung bodas”. 

“Si Belang nemalan bari ngunggutkeun sirahna”. Jleng Santana luncat kana tonggong Si Belang, belesat lumpat Tarik naker, teu lila geus aya dihareupeun lawang guha, di dinya geus nyampak maung Bodas sarta tilu Wanara Sakti. Sakilat Santana geus aya hareupeun Maung Bodas sarta tilu Wanara Sakti,

“He Sobat-sobat kaula ieu batur kula Si belang bakal jadi batur hidep, tapi wayahna belang hidep moal bisa kaluar asup ka guha, sarta belang hidep moal bisa nembus lawang  guha. Hidep jaga di luar sawaktu-waktu mun ieu Si Bodas jeung wanara kaluar hidep bisa babarengan, saluyu jeung paréntah Si Bodas”. Si Belang ngadeukeutan maung bodas sarta manéhna ngaléndotan Si Bodas sarta tilu wanara, tandaning nurut kana carita Santana, sarta manéhna baris nurut ka paréntah sarta jadi sobat Maung Bodas oge tilu Wanara Sakti. 

Santana terus asup ka Jero guha, dituturkeun ku Maung Bodas sarta tilu wanara Sakti, Ari Si Belang ngaleos kana rungkun deukeut guha nu aya batu niung ngajegir. Sabada nepi ka jero guha, Santana diuk na batu nu ngademprak, manehna menekung ka nu agung sarta nyeukeutkeun pangrasa, panenyo sarta pangdéngena, ku hal itu Santana geus bisa nganyahokeun sakabéh nu aya di jero guha kaasup  tampian  tempat wudu ogé paranti mandi, sarta tempat paranti sholat, 

“Emh… bener bener luar biasa ieu guha, sagala kumplit lir ibarat wangunan imah anu kacida laluasana” Santana ngilikan pituduh anu aya dina sisi guha pikeun nalungtik kudu timana manéhna mimiti diajar, akhirna Santana mangihan tulisan ngajeblag anu unina kieu. 

“Bismillah wiwitan gawé pancegkeun haté nu ikhlas leungeun namprak dina dada sila na amparan bumi, sirah tungkul bari syukur, insya Allah sagala hal  bakal mangfaat natrat asal terus marifat, sajam satengah bada subuh tong kaganggu ku rasa tunuh”. Akhirna Santana ngarti naon mimiti nu kudu dilakukeun. Nganung harti  kula timimiti subuh engké geus kudu ngalakonan ieu pituduh. Akhirna santana mapayan sagala pituduh nu ngajareblag dina batu sisi guha. Teu karasa waktu geus nepi ka lohor hal éta datang tina isarah batu anu bentukna saperti kohkol nitir lamun geus waktuna solat. 

Santana muru tampian sarta kumplit aya tempat bubuang, singhoréng eta tampian nurug tina sumer cai nu di kocorkeun ku coleng awi, sarta tina tampian nyamung kaluar kawalungan gedé anu aya di luareun guha, sedengkeun dua meter ti tampian aya lawang leutik paranti kaluar asup ka sisi walungan, aya pituduh husus pikeun muka jeung nutup eta panto nu  dijieun tina batu, ku cara mencet tomol batu. Hal éta kanyahoan tina tulisan dina  kulit kelenci nu nga haja disiapkeun ku Ki Ajar Sakti. 

Nyobaan Santana muka eta panto saluyu jeung pituduh, pantu lalaunan muka sarta diluar aya batu niung sarta pangdiukan paranti nyawang kaéndahan sisi walungan sarta kaéndahan séjén nu aya di jero guha. Tapi santana teu lila sabab maksudna oge rek mani tuluy solat.



Posting Komentar untuk "SANTANA KEUR NGALALANA 7"