SATRIA PINILIH TI GUHA RAKSA SABANA
Kenging : Undang Sumargana
![]() |
SANTANA NGALALANA BAGIAN KA 6 |
Ti saprak manggihan éta guha ogé ngadengé katerangan ti guruna, Santana beuki soson-soson latihanana nyasatna beurang peuting hal éta dumasar kana patékadanana, pikeun geuwat ngawasa elmu ti guruna sangkan bisa asup deui ka jero guha. Hrita oge dina ngebrakna cahaya bulan santana leumpang dina kulit cai leungeuna digerakkeun kahareup, leumpang saperti na taneuh biasa wae, memang elmu ngahampangkeun awak nu luar biasa geus nepi kana puncerna. Ari Ki Ajar Pangestu nyerangkeun tina pucuk tangkal bungur nu jadi sisi talaga.
“Emh memang Santana murid kula boga sumanget sarta boka bakat nu mandiri, keur kasép téh jaba soléh, kula reueus boiga murid saperti kitu, sarta yakin dina waktu sabulan elmu kula bakal kapimilik ku manéhna. Saterusna nya hidep Santana anu bakal ngawaris elmu ti Bapak kula” Ki Ajar Pangestu ngagerendeng jero haténa, pikiranana teu pupuguh ngacacang ka magia gantang, ngadon inget ka nu jadi Bapakna nukiwari duka di mana ayana, naha masih kumalendang di alam dunya atawa gues teu aya dikieuna.
Wut, wut,wut, kadengé sora Santana, ngagerakeun dua leungeuna ka luhur nu saterusna leuneug kenca jeung katuhu muter, sarta ngaluarkeun hawa tiis anu kacida ka sabudeureun eta tempat, singhoreng santana bari leumpang nacai ngawatek AJI Bajra pamungkas. Lamun eta aji Bajra pamungkas di watek sapinuhna, naon wae bisa jadi ngawengku ku akibat hawa tiis anu kacida rongkahna.
“Cukup jalu, teu kudu diwatek sapinuhna bisi sasatoan nu aya di sabudeureun ieu tempat kaganggu guruna ngaluarkeun sora make tanaga lapisan anu ngan bisa kadéngé ku Santana. Santana narik aji Bajra Pamungkas. Saturusna leungeun katuhuna diputerkeun di hareup. Sarta lila-lila dampal leungeuna disilangkeun, dampal leungeuna di tojokeun kaluhur, aneh kajadianana tina leungeuna kaluar angin anu kacida tarikna, saterusna leunguna ditujukeun kana batu sisi gawir, dubrag eta batu macleng kadorong ku rosana tanaga angin tina leungeun Santana.
Emhh. Aji bayu sagara ti murid kula geus nepi ka tahap akhir.
Saterusna Santana lumpat dina kulir cai ti tengah Talaga, katempo dua leungeuna rangém ngajingjing lauk kancra anu lumayan gedéna. Sarta didinya nyampak kastrol eusi beas nu geus diteundeun ti awalna dina tungku batu, saterusna dua dampal leungeun Santana diantelkeun kana kastrol saterusna anéh deui waé eta cai nu aya dina jero kastrol ngagolak sarta teu lila besba geus jadi liwet, saterusna Santana motong-motongkeun suluh sarta diteundeun di jero tungku batu, ngan ukur ngalempengkeun leungeuna eta suluh ngadadak hurung. Singhoreng Santana ngagunakeun saparapat kauatanana pikeun ngawatek aji sagara geni. Eta Aji sagara geuni tong boro-boro suluh lamun diwatek sapinuhna beusi oge bisa ancur.
Teu kanyoan guruna geus aya di satukangeunana,
“Eh Ki Guru Santana nyarita bari jeung teungalieuk-lieuk acan, jongjon waé malik-malik lauk na luhureun ruhak suluh kihiang.
“Hébat hidep jalu, tinngal terus dilatih, ti mimiti isuk hidep kudu mimiti ngalatih kaseukeutan elmu batin, sangkan elmu nu geus kapimilik ku hidep beuki matih kamampuhanana sarta hidep bisa ngjalankeun dinahal nu bener”.
“Pangesto Ki guru, ieu putra neda pangwuwuh pitunjuk ti Ki Guru”. Akhirna Ki Aji Pangestu jeung Santana, ngajemprak ngahanca liwet jeung beuleum lauk kancra.
Isukna Santana sakumaha pituduh guruna kudu katihan di tegalan, keur mengpeng Latihan teu kanyoan aya 3 wanara narajang babarengan sarta maung bodas ngagaur handaruan bari luncat rek nekuk punduk, ku asntana karasa aya geteran angin anu ngabahayakeun dirina, kalayan dina sakedret netra menehna luncat geusaya satukangeun maung bodas sarta nejehken dampal sukuna, ari wanara nu tilu nyebut ti tukang tihareup sarta ti gigir Beulah katuhu, Santana luncat ka gigir Beulah kenca sarta dina waktu sakilat manehna geusngarampid dua suku wanara anu dua sedengkeun nu hijideui disepak palebah beuteungna sanajan tieu nggunakeun kakuatan sapinuhna. Maung Bodas nutadi nyolontod geus malik deui nyebrut narajang, santana ngabelesat ka luhur, teu kanyoan geus clé anumpak natonggong maung bodas.
“ Cukup jalu” Aki guruna geus nyampak hareupeun Santana, sedengkeun 3 wanara jeung maung bodas ngadadak eureun. Kaayaan Santana masih tetep dina tonggong Maung Bodas.
“ Ngahaja Jalu aki nitah ieu 3 wanara sakti sarta maung bodas, pikeun nguji kamampuan hidep. Tétéla 3 wanara jeung maung bodas taya hartina dibandingkeun jeung kamampuan hidep, lamun diantep ku Aki sok sieun hidep kalepasan nepi ka ieu wanara jeung maung bodas palastra, padahal kakuatan 3 wanara jeung maung bodas leuwih rosa disbanding jeung kakuatan 1000 prajurit nu geus asak latihan”. Santana ngan ukur seuri maur meunang pamuji ti guruna, taya sari-sari agul, sabab batin manéhna geus asak kadidik ku elmu batin elmu agama nu geus kapimilikna.
Tiharita Santana museurkeun latihanana dina puncer tangkala kai. Turun turun iwal ti mandi jeung wudu solat ogé diselang buka puasa di waktu magrib, sabab santana kudu ngajalankeun puasa keur nambah kaseukeutan batinna.
Dina waktu santana aya dipuncer kai, Si Ruyuk teu weleh ngadeukeutan sok inggis dununganana aya nanaon. Aya nu nyaliara sumarambah dina sakujur awakna kakuatan alam mimiti ngarasuk na dirina, ku kakuatan elmu ngahampangkeun awak nu dipimilik ku Santana geus aya dipuncer tahapan anu luar biasa, dangdaunan daunan dipuncer tangkal anu dipake diuk bari museurkeun batinna ka gusti Allah, teu singna ngarempeyek didiukan, malah sawaktu-waktu Santana nyengclé na tonggong Si Ruyuk di bawa hiber ka luhur, terus muragkeun karep awakna ngalayang lalaunan muru deui ka tempat diuk jiga nu meunang ngatur. Ari Ki Aji Pangestu nyerangkeun ti kajauhan.
“bener-bener murid kula pangawasana geus satahap jeung kula, geus waktuna manéhna asup ka jero guha ngasakeun pangartina sukumaha kahayang bapa kula, ngan hanyakal kula moal bisa marengan, sabab ngan manehna nu bisa asup ka jero guha, sarta diajar jurus-jurus sakumaha nu ditulis dina sisi guha” Ki Ajar Pangestu ngagerndeng dina jero haténa.
“Cukup Jalu geura turun”, Ki Ajar Pangestu nyarita dina jarak jauh ditujukeun Ka Santana.
Peuting harita jeung isukna santana teu kamana-mana nyiapkeun diri pikeun asup ka jero Guha.
mingkin resep, diantos serial salajengna
BalasHapusmekipun cerita ini hanya fiktif semoga menginspirasi buat kita untuk selalu berbuat baik.
Hapus