EMPAT SAJAK SUNDA TENTANG CINTA
DAN KEPASRAHAN DIRI PADA ILLAHI
"Sirung Kanyaah" merupakan sebuah puisi/Sajak Sunda yang berbicara tentang perasaan yang mendalam yang bergelora dalam hati. Digambarkan setelah terpuruk dalam kehidupan, akhirnya bangkit untuk membuka hati. dari saat itu ia jatuh hati pada seorang wanita. Latar tempat dalam puisi tersebut Pantai Santolo Garut. Penulis mencoba menggambarkan dengan bahasa yang romantis, dan gambaran alam yang yang dikemas dengan diksi pilihan.
Dalam Sajak terkakhir penulis menggambarkan kepasrahannya pada Illahi serta pengakuan akan dosa dalam hidupnya.
Sajak sajak lainnya
- Warta Janari Keur Jungjunan
- Na Nembrakna Cahaya Purnama
- Tapak Lengkah Nu Karandapan
- Dina Amparan Sajadah
Selamat membaca semoga bermanfaat !
SIRUNG KANYAAH
(Undang Sumargana)
Jungjunan ……!
Akang harita nyoba ngaitkeun ruruhit raga
Sabada ngangkleung na sesebitan kasedih
Ti harita jangkar ngait morek pukah
Na darmaga kanyaah nu moal laas
Angin laut di santolo motah
Meupeuskeun ombak na batu karang
Basa panon poé séséléké
Rék ngoréhan dasar haté
Nu keur ngangkleung na sawangan
Horeng haté terus cumantél
Nunggu sakotret cahya kahéman
Nu haat datang mawa kanyaah
Nancebkeun binih harepan
Sugan jadi na galih asih kembang duriat
Na lengkob haté
Sisi galura liuh, na weningna galih ati
Binih kanyaah
Sirungna terus ngarandakah.
Ka tiruk jamparing asih
Horeng siki harepan
Moal laas disontrolan moreretna panas poe
Santolo , 17 Januari 2017
WARTA JANARI KEUR JUNGJUNAN
(Undang Sumargana)
Junjunan………!
lengkah akang poe ieu
jadi kaneg gandrung dina liliwungna cahya balebat.
Tapi sakumaha pait peuheurna kahirupan
Akang nikreuh taya batur pakumaha
Junjunan……...!
Dina ciprukna ibun janari
Na rarambu peuting handapeun bitis langit
Sukma akang ngarajah dina lapad doa kamaslahatan
Sangkan hirup tinemu bagja samemeh nyawa diusir raga
Junjunan ……...!
Sanajan gebyarna cahya langit kasaput halimun
Tapi akang yakin cahya Allah welas asih
Nu bakal nyaangan ka umat sajagat buana
Tasik pakidulan, ditulis 16 Mei 2017
NA NGEBRAKNA CAHYA PURNAMA
(Undang Sumargana)
Na ngebrakna cahya purnama
Aya pasini matotoskeun janji
Na hiliwirna angin peuting
Disaksi kiceup tina rapangna bentang
Ramo urang harita teh patarema
Cumarita dibareng getering rasa
Jungjunan ……!
Kembang asih harita nu ngarandakah
Dina galih duriat muru balebat
Aya cinta ngagalura
Ngendeurkeun sakujur sukma
Kasaksi cahya purnama
Urang silanglang na mega bodas
Mega harepan
Sili simbeuh ku banyu kadeudeuh
Na galih rasa kembang duriat
Tasik Pakidulan 17 Pebruari 2023
TAPAK LENGKAH NU KARANDAPAN
(Undang Sumargana)
Angin lilimbungn melenoykeun dahan harepan
Nu masih nyangsang na regang-regang kamelang
Seah ommbak ngabula-bali mangpengkeun katineung
Nu kandeg na ranggeman tangtungan batu karang.
Sora tonggérét nyereset ngageret hate
Dina léngkah panineungan nu datang ngalelewaan
Aya kasimpé nyaliara dina rasa
Nu nyelap na tapak-tapak lengkah nu karandapan
Budah ombak budah lambak
Nu napak na bobodas hate
Muru tungtung waktu
Najan udagan jauh tina tetekon
Ieu jirim ngudag jisim
Na tangtungan nu ngalanglayung
Bongan teu pageuh nyekel tetekon
Hirup loba ngaropea lamaran dosa
Ngalalakon na heab pangajak syetan
Tasik pakidulan, ditulis 16 Mei 2017
DINA AMPARAN SAJADAH
(Undang Sumargan)
Dina ramo-ramo langit
Aya carita nu kungsi karandapa
Nepikeun pirang-pirang kahayang
Carita lampah ditulis dina amparan sajadah
Séah angin kapireng ngahudang bangbaluh kalbu
Nyeuit ngagerihan haté nu pinuh ku ka simpe
Ya Allah, ……………….
Ya nabiyuloh...................
Salira nu tos mukakeun panto peuting.
tos lami kuring teu nepangan salira
ninggalkeun langit nu geus teu baranang.
Titereb na lautan masiat
Dina simpena peuting
Aya sora aweuhan naratas langit
Aya gerentes doa nu ngagalindeng
Aya keclak talaga cimata nu wening
Mugia nafas angin nu ngahiliwir
Muragkeun dosa sanajan sakeprul sakeprul
Mugia panto ijabah masih muka Ya Rob
Sangkan diri teu lamokot
Ku dosa nu geus ngalimpudan
Wanci janari pruspris girimis
Mangsa panto langit ngablakeun lawang ijabah
Ti dieu dina sajadah nu cipruk citangis
Kuring namprakeun dua panangan
Mugia gusti niupkeun banyu kahuripan
Ka raga nu geus rangsak ku dosa
Tasik Pakidulan 17 Pebruari 2023
Posting Komentar untuk "EMPAT SAJAK SUNDA TENTANG CINTA DAN KEPASRAHAN DIRI PADA ILLAHI."