YANG MENJADI DASAR ADANYA KONGRES PEMUDA SUNDA KE-1

Orang Sunda harus bangkit, sejajar dan bersama suku lain di Indonesia. Buktikan pada negeri pada dunia orang Sunda masih ada dan harus tetap ada. Buktikan bahwa kita mampu berkarya. Hargai dan kembangkan  budaya kita, cintai bahasa Sunda, sebagai bukti pada dunia bahwa orang Sunda masih ada.

Ayo pemuda-pemuda Sunda mari kita bangkit bersama .

Penulis pun di sini mengajak untuk mengenal/mengupas secercah kisah kecilk  sejarah lama tentang orang Sunda. Selamat membaca semoga bermanfaat. dan kritiknya apa bila ada hal yang tek berkenan.


EUNTEUNG BEUREUM JADI  MARGA AYANA KONGRES  PAMUDA SUNDA KA-1

(TGL 5, 6 jeung 7 Nopember 1956)

   ( Undang Sumargana) 



Sumer rujukan/bacaan :

NU MARANGGUNG DINA SAJARAHN SUNDA”, Disusun ku EDI S, EKAJATI, 

Penerbit: PT Kiblat Buku Utama, Bandung, 2005


Teungteuingeun enteung beureum 

Keretas daluang  Cina

Teungteuingeun deungeun-deungeun

Neken téh ka bina-bina


Paneungteuingan deungeun dina Dasa warsa 1950-an tumiba ka urang Sunda, ngajadikeun dasar ayana Kongrés Pamuda nu munggaran ti tanggal 5 Nopember nepi ka 7 nopémber 1956. Tuduhan nu diteumbleuhkeun ka urang Sunda harita diantarana

1. Ayana isu politik “Non” jeung “Co”. Urang Sunda dituduh hianat kana perjoangan gawé  bareng jeung Walanda.

2. Urang Sunda dituduh Provinsialistis, jeung ngagedekeun sukuisme, antukna loba gegedén urang Sunda, digésér ku cara teu étis tina kalungguhan ti pamarentah di tatar Sunda, kalawan diganti ku deungeun-deungeun anu can puguh kmampuhanana.

3. Gangguan kamanan teu eureuneureun, Gorombolan Karto Suwiryo ngagalaksak di padésaan; raja kaya dirampas, imah diduruk, nyawana dipaténi. Nya ngabalukarkeun rakyat loba nu ngungsi ka kota, bari jeung teu mawa bekel, modal jeung kaparigelan, antukna hirup sangsara, kadungsang-dungsang.

4. Para nonoman nu rék nyiar pangarti ka paguron luhur réa pisan barébédanana, sabab harita tacan réa paguron luhur cara ayeuna, aya ogé ITB, tapi da étamah keur para nonoman Sanusantara, katurug-turug ngulik elmuning tehnik waé.

Tina ayana késang tukang kasebut, urang Sunda nguniang hudang, terus singkil ngadegkeun  organisasi kasundaan, anu udaganana; ngahadéan nasib, jeung merjoangkeun pikahareupeun ,  Kuayana dugdegna organisasi urang sunda nya di gagas ku  Ajip Rosidi, anu harita umurna kakarek 18 taun, kalayan meunang pangbagéa ku organi sasi kasundaan anu sumebar.

Punten sim kuring moal rék medar ngawujudna kongrés, Nu perlu jadi catetan hasil kongrés Pemuda Sunda anu mangrupa proklamasi beunang ngarumuskeun Seksi Kabudayaan. Unina

Proklamasi

Kongrés Pamuda Sunda I  nu diayakeun ti tanggal 5,6 jeung 7 Nopémber 1956 di Bandung Mroklamasikeun;

1. Yen istilah Jawa Barat diganti di ganti ku Sunda, sarta minangka konsukwensina, istilah Jawa Tengah diganti ku Jawa Barat, sarta ngaran Pulo Jawa jadi Nusa Selatan luyu jeung conto ti pamaréntah, anu geus ngarobah Sunda Kecil jadi Nusa Tenggara

2.. Yén, Ki Tapa,  Dewi Sartika, jeung Oto Iskandar Dinata, minangka Pahlawan Nasional

3. Yén Dewi Sartika, Oto Iskandar Dinata kudu dipiéling ku urang Sunda saban taun, minangka Ibu jeung Bapa Sunda.

4. Yen Gajah Mada téh  lain pahlawan Nasional, malah sabalikna, Gajah Mada teh penjajah nu geus nimbulkeun  perpecahan diantara suku-suku bangsa, ku sabab éta mitos nu patali jeung hal éta kudu diancurkeun.

Kitu diantarana pertélaan   ngeunaan hasil kongrés Pemuda Sunda anu harita dipokalan ku para nonoman Sunda anu umurna rata-rata 20 taunan.

Sabada medar hasil kongrés tina éta hasil kongrés aya hal nu jadi perhatian utama patali jeung no 4 ngeunaan Gajah Mada, anu sumebar dina sejarah nu dibaraca ku barudak Sakola disebutkeun  salaku pahlawan nasional anu gede jasana.

Ngarujuk kana bahan bacaan kenging; EDI S, EKADJATI,  sakumaha anu kacatet dina perang bubat, Gajah Mada jalma telenges anu geus  hianat deleka ku ayana ambisi pribadina.  Cita resmi (Diah Pitaloka tea) jadi Saksi pikeun nanjeurkeun ajén Ki Sunda, ajén diri Ki Sunda teu suka kudu dihina teu Suka kudu serah bongkokan jadi boyongan.

Dina carita sejarah Citaresmi (Diyah Pitaloka téa) dipikahayang ku Raja Maja Pahit Hayam Wuruk,  nya ngutus Patih Gajah Mada katut wadya Baladna. Gajah mada geus hianat kasurung ku kasarakahan, calon panganteén anu kuduna dipapag make kahormatan karajaan, malah kudu dipasrahkeun salaku upeti tandaning karajaan Sunda taluk ka Maja Pahit, Prabu Maha Raja, Raja Sunda,  ramana Cita Resmi teu boga pikiran nepi ka lebah dinya, nya daripada kudu jadi patalukan kajeun perang tutumpuran. Kajadianana di tegal Bubat, poe Salasa 13 paropeteng bulan bhadrawada taun 1278 Saka (4 Septémber 1357 Masehi) akhirna sanggeus nguwak-ngawik ngayonan  musuh,  maharaja katut abdi-abdina kasambut ngemasing pati. Ningali ramana katur-abdi-abdina perlaya, Cita Resmi teu sudi pikeun sumerah, nya akhirna newék manéh ku patrem kagunganana, nuturkeun nu jadi ramana étang-eétang wujud ajén dirina, wujud  kasatiaan ka rama katut nagara,.

Akhirna kahanyakal  nyamuni na manah Hayam Wuruk Raja Maja Pahit, dugi kagegeringan. Antukna Gajah Mada ku Déwan Karaton Maja Pahit ditibanan hkumnan, ngan hanyakal kaburum lolos mantén abur-aburan. Tah ku hal éta keur urang Sunda asana teu pantes lamun nganggap Gajah Mada Salaku Pahlawan, nu puguhmah jalma bengis, nu geus nimbulkeun perpecahan diantara suku Bangsa.

Saur Pangeran Wangsa Kerta dina Nagara kretabumi,  dina waktu kajadian Perang Bubat, bumi tatar Sunda ngadadak oyag ku Lini badag, tur ngarandapan samagaha sareéngengé, , anu ceuk Maha Resi sundamah, etatéh perlambang  yén Karajaan Sunda pinanggih jeung katunggara anu pohara. 


Tasik apakidulan:  2023

Posting Komentar untuk "YANG MENJADI DASAR ADANYA KONGRES PEMUDA SUNDA KE-1"