NU LUMAMPAH NGUKUR LĔNGKAH
(Undang Sumargana)
![]() |
NU LUMAMPAH NGUKUR LENGKAH |
Baraya ………!
Kuring teu reureuh-reureuh ngukur lĕngkah sapanjang gurat balĕbat.
Ngukur sagalur karĕmpan mangsa paturay nu terus ngajirim na kasimpĕ ati.
Didieu dina saampar kulawu, halimun lalakon sim kuring dina kadinasan geus dipungkas.
Horĕng teu bisa sakarep ingsun waktu nangtukeun mangsa mugkas tugas.
Kuring miang miang ninggalkeun pancen gawe…..!
Kuring geus pasti miang pinuh ku kasadrahan
Nyukruk sesa umur nu duka iraha dipungkasna
Kuring teu apal duka nepi ka iraha masih bisa kumalendang
Jalan nu baris disorang butbet ka tungtung liliuh rarambu lembur, atawa kebat nuturkeun gurat balĕbat.
Ka sampalan, kerejep mata poĕ.
Mĕga-mĕga kamelang geus balaka nyatetkeun juuhna cimata
Na diri salawasna ngagenclang ciibun dina sabaris katineung babarengan salama mancen gawĕ
Baraya …..kuring teu reureuh-reureuh ngukur lĕngkah sapanjang gurat rumangsang.
Ngukur salambar kakelar nu terus ngararas tina lampah nu kasorang
Bari nyuay-nyuaykeun rĕgang kamelang nu bacacar handapeun bitis langit.
Poĕ ieu Lĕngkah beuki jauh ninggalkeun lalakon poĕ-poĕ mangsa urang babarengan, jeung raratan nu kagambar na sagebar dosa na mĕga katigin.
Lalaunan mangpirang-pirang lalakon mangsa kuring mancen gawĕ, tunggul tungul carita lawas, ngoĕtan hatĕ jadi patok hirup kuring sangkan kalarung.
Tina renghap lampah nu di sorang, rumasa diri kuring lamokot dosa
nu kasorang
Karasa leuweung ganggong geus sayaga mapag ringkang nu longkĕwang.
Hampura sakabĕh kasalahan sabab hiji waktu raga urang sarĕrĕa bakal mopo teu daya teu upaya.
Baraya ……………….!
Teu reureuh kuring ngukur lĕngkah sapanjang gurat pecat sawed.
Ngukur tetelar dina waktu mancĕn gawĕ.
Naon deui nu kudu diungkarakeun sanggeus sora panggĕro mungkas tugas ninggalkeun nguyumbangna sĕsa cimata.
Didieu aweuhan geus mangsana ditinggalkeun naratas jalan panjang nu bakal kuurang disorang.
Rumasa diri akang kadang mancĕn gawĕ maling demitna waktu nu datang ngabaruang kalbu.
Mangsa urang geuning kungsi kungsi gogonjakan dina ranyayna cahya kamelang .
Tuluy kuring mangsa miang paturay ninggalkeun ieu tempat
Kadang hate sumegruk ceurik balilihan dina samarna lalangsĕ halimun.
Karasa gambaran katineung hĕsĕ nyingkahna, boa baris langgeng kapibanda najan ukur kalangkangna.
Mitra ………!
Teu reureuh-reureuh kuring ngukur lĕngkah sapanjang sariak layung.
Ngukur ranggeuyan kamelang nu di pungkas na mangsa tugas.
Taya hartina sanajan juuh cimata ……..! kuring mangsana nyamuni tukangeun langit, nyulam mĕga pikeun lumampah na sesa umur nu teuing nepi ka iraha.
Lampah kuring, na mangsa dinas geus waktuna di pungkas
ieu kalbu kudu pajauh karasa ngĕprul jadi lebu, paburencay katebak angin nu haben padungdengan nyaewang lampah nu baris disorang
Kiwari sakujur sukma aya kamelang nu ngempur hurung dihuru durukan layung.
Bapa Ibu guru baraya sim kuring sadayana ……………!
Moal eureuh-reureuh kuring ngukur lĕngkah sapanjang gurat sareupna.
Taya hartina mun ukur ngukur liliwung gandrung nu terus ngayakas tina peteng pangimplengan .
Naon deui nu kudu diungkararakeun sanggeus ringkang ninggalkeun tapak najan tapak tu taya hartina
Lampah kuring lampah urang sarĕrĕa ulah rĕk kalangsu sabab lĕngkah kudu puguh udagan, nepi ka rĕnghap bĕakeun wirahma, sanggeus waktu ngarandeg ngeureunkeun jajantung na mangsa mungkas hirup panungtungan.
Didieu, dina ririab bulu mata poĕ lalakon tĕh kapaksa dipungkas mangsana kuring ngĕcagkweun pancĕn.
Nu puguh hirup can waktuna tamat ngalalakon …….
Teu kudu loba karisi komo terus balilihan nyanyambat mangsa katukang.
Allah Allah Allah Allah Allah Allah Allah Allah Allah Allah
Allah Allah Allah Allah Allah Allah Allah Allah Allah Allah
Allah Allah Allah Allah Allah Allah Allah Allah Allah Allah
Allah Allah Allah Allah Allah Allah Allah Allah Allah Allah
Allah Allah Allah Allah Allah Allah Allah Allah Allah Allah
Allah Allah Allah Allah
Allah Allah Allah Allah
Allah Allah Mung kasalira abdi sujud Allah Allah
Allah Allah Allah Allah
Allah Allah Allah Allah
Allah Allah Allah Allah Allah Allah Allah Allah Allah Allah
Allah Allah Allah Allah Allah Allah Allah Allah Allah Allah
Allah Allah Allah Allah Allah Allah Allah Allah Allah Allah
Allah Allah Allah Allah Allah Allah Allah Allah Allah Allah
Allah Allah Allah Allah Allah Allah Allah Allah Allah Allah
Undang Sumargana Downloade di sini
MasyaAlloh....
BalasHapus